Haturan Kang Dadi*wah, ni sae nepangkeun teh bari ngadongeng* Eta ningali judul "Urang Sumedang na Mana?? tandang nyandang kahayang??" kapungkur sok iseng heureuy ditambihan ku abdi janten "Sumedang Tandang Nyandang Kahayang Wiwirang di Kolongcatang nya Gede nya Panjang"... heheh...tong ngambek nya... (ssst...bisi kadangueun ku Kang Don...gaswat!).
Nepangkeun abdi Roro, digubragkeun ka alam dunya mah di Cikareo, kenging 3 taun leres2 linggih di Wado waktos namatkeun sakola SMP, sapalihnamah biasa we aprux2an nunutur pun Bapa*matak asa teu acan kantos ngadangu pami walungan Cilutung teh palih mana? Saleresnamah aya milis husus kanggo urang Sumedang, abdi ge ngiringan*tapi ni tiiseun didinya mah, betah keneh di Kusnet ni euyeub ti siklukna ti suklakna seueur elmu pangaweruh ngeunaan basa & budaya Sunda. Soklah Kang, moal burung betah di babakan mah calageur, balageur, palinter, tapi omat tong kabawa kusakaba-kaba nya*da moal jauh nu dibahas teh pasti ngulikbek kana nyandung deui*nyandung deui* hihih*(tong ngambek para pameget...heureuy ah!) ro2 aswad cuang tambihan nya : >>> [EMAIL PROTECTED] 11/24/06 09:06AM >>> 1. kang yaya rukayadi, urang situraja ayeuna nu di seoul... 2. Bah Willy (Gelembung Rajamandala) di Bandung 3. juragan keom kang syam, urang darmaraja di jakarta 4. kang dudi ss, beja terahir mah keur di banjarmasin.. 5. kang iwan, urang darmaraja ex galura di bandung 6. kang Aldo urang cimalaka di Jakarta 7. kang Otong urang Ujungjaya di Jakarta 8. kang Totong Usman urang Tanjungsari di Jakarta 9. kang Taryat urang Buahdua di Jakarta 10. Mang Osam (Kosam) urang Margawindu di Balikpapan 11. teh Ecin Kuraesin (situraja) di Jakarta 12. teh Cholisoh (Icho) di Jakarta 13. teh Ina (Cimalaka/situraja) di Bogor 14. Ceu Roro (Wado sanes Darmaraja) di Bandung 15. kang....???? uranmg Cijelag di Kuwait.!! 16. Teh Emme (caket Taman Endog) 17. Kang Miryawan (Cipeundeuy) 18. Teh Cicin (Wado) 19. Teh Rinrin (Darmaraja) 20. Kang Riksanagara (Bristol-Inggris) 21. Teh Eli (nu di Medan cnah) 22. Kang Asep (Marinir tea...) 23. .... saha deui nya?... cag...ah, "kkbm'69"

