Wilujeng tepang atuh teh rohmah,
abdi 5 taun sahandapeun teteh 1990, pak omo mah terang pisan, malihan bumina
ku kalangkungan pami uih teh. tapi ayeuna teh pami teu lepat janten kepsek SMP
cipeundeuy, duka pami tos pangsiun mah. salam we kaputra na, ti batur salembur.
asa wararaas, pami ngemut2 guru smp teh,
pantesan istrina pa ade bu... (saha geuning guru bahasa indonesia teh?) sok
cemburu wae ka barudak, da kitu geuning, di hareureuyan wae. tapi bah dinya mah
panginten masih lajang keneh nya?
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Euleuh...euleuh...geuningan…Kang Dadi & Kang Maman teh
alumnus SMP Wado?
Sami pisan atuh…abdi mah angkatan '85, di dieu ge aya Kang Miryawan
da… putrana Pak Omo guru Sejarah nu urang Cipeundeuy tea, emut? Aya
wartos ti Pak Oji guru Biologi (pendak dina beus Andawuri) guru2 teh seuseueuna
tos parangsiun, nu janten Kepala Sekolah SMP Wado ayeuna dicepeng ku Pak Usman
(guru olahraga).
Pak Ade Mulyatun (Guru Matematika) janten Kepala Sekolah di SMP Ciranggem.
Aya dongeng sakedik ngeunaan Pak Ade :
Saleresnamah waktos SMP, abdi teh sieun ku pelajaran Matematika, margi guruna
Pak Ade nu kasep tea ngadak-ngadak pami pelajaran Matematika teh asa sumanget
45! Alhamdulillah dina NEM ge teu ngisinkeun heheh...
Waktos ngadamel skripsi ngadak2 emut ka Pak Ade tadinamah bade nyandak judul
" Peranan Ketampanan Guru terhadap motivasi belajar Matematika di SMPN Wado"
heheh... Heup ah! Punten ieu mah mung saukur ngawawaas...
Saurnamah, margi engke baris kakeueum SMP Wado ku bendungan Jatiageung
eh…Jatigede…teh bade ngalih saurna ka Wado Girang.
Abdi gaduh rerencangan sakelas namina Yeti Rohayati, rakana teh Kang Dede
pami teu lepat mah…pami pendak ngawiat salam nyaa….
ro2
aswad
>>> [EMAIL PROTECTED] 11/26/06 10:40AM >>>
atuh da abdi ge ti Sumedang, tepatna mah ti Cibunut-Jati Gede, nya
ari waktos SMP na mah di Wado, teras we apruk2an, ari ayeuna
sadidintena aya di Jakarta.
Mangga atuh salam ka urang Sumedang sadayana, oge ti hilap ka warga
kusnet :-)
>>> [EMAIL PROTECTED] 11/26/06 02:23PM >>>
baruk ti wado??
euleuh2 kuring oge SMP na mah di wado (Buah ngariung)
Bagea atuh...
Sok kagagas pami emut jaman kapungkur, waktos nganjrek di Babuy buah
ngariung, ari pasosore teh sok ka walungan cimanuk nerebkeun bubu keur teangeun
isuk-isuk.
da lumayan atuh berod-berod wae mah sok mepek na bubu teh,
teu sirikna unggal poe weh eta dahar lauk berod.
hehehe....
wilujeng tepang atuh teh....
---------------------------------
Check out the all-new Yahoo! Mail beta - Fire up a more powerful email and get
things done faster.