bade nambihan teh, eta teh sanes 50 rebu tapi 50 rebu leuwih hiji, nyaeta abdi. 
da hoyong ningal tea berita na ti rorompok abdi (batam)
eta leungit penghasilan sanes 2 milyar lah. tapi 2 milyar kirang 7 rebu perak, 
pedah abdi meser kompas (kang agus, abdi dipasihan naon yeuh ngiklankeun) 2 
kali @ Rp. 3500 (bari datangna oge beurang)
leures teh, itung-itungan abdi???
by

  ----- Original Message ----- 
  From: L Parish 
  To: Kusnet 
  Sent: Tuesday, November 21, 2006 5:03 PM
  Subject: [Urang Sunda] Serba-serbi ngamuliakeun semah



  Urang teh kedah ngajenan ka tamu, cenah. 
  Upami tamuna jalmi miskin, suguhan tuang sareng lauk jaer atawa teri. 
  Tapi lamun semah jalma beunghar mah, pangalakeun lauk bibit anu badag, 
balikna ge bahanan oleh-oleh/cenderamata.
  Kapan eta mah semah  (Ngahesekeun nu di imah)

  Basa kamari juragan nganjang, keur ngabageakeunna beak 60 milyar, sanajan 
datangna mung ukur sababaraha jam. 
  Helipad nu diwangun di KRB bari meakkeun waragad gede, mubazir teu tulus 
dipake ku juragan.
  Pribumi di Bogor, 50 rebu ti 120 rumah tangga leungit panghasilan sekitar 2 
milyar. 
  Keun bae pan keur ngahormat semah ......

  Ka semah kudu someah, tapi demi keamanan Anggota Kompi ti Kesatuan TNI-AD 
Raider Cianjur, diinstruksikeun teu meunang seuri atawa surungah-serengeh.
  Para menteri RI nu ngariung kudu ngagantungkeun identitas. Naha ari delegasi 
semah mah saurang ge teu aya nu ngagantungkeun identitasna, malah wartawan 
bawana ge ngan ukur make kaos, jeans jeung sapatu olahraga warna-warni?. 
  Keun bae, kapan itu mah semah ......

  Baheula basa manehna nganjang ka bali, di bere blok cepu. 
  Ayeuna bahanan naon? sina ngagembol Natuna, kitu?
  --------
  si teteh nu keur hayang ngacapruk

   

  __________ NOD32 1882 (20061124) Information __________

  This message was checked by NOD32 antivirus system.
  http://www.eset.com

Kirim email ke