Kuring asli ti Cimaningtin.
Digudubrageun, ulin bubulucun, oloy leho...eh.. teu ketang da kuringmah
beresih heheheh..
Ari akang ti mana geuning apal ka cimaningtin, buniasih jeung sajabana,
janten panasaran yeuhhh boa boa tatanggi
totong usman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jauh-jauh neangan urang sumedang, simkuring ti sumedang teu
direret, simkuring urang tanjungsari
Keula cilutung-cilutung kitu simkuring rada lila diperbatasan majalengka mah,
keula beulah mana cilutungna
Cimanintin, kadumalik, buni asih atawa mana?????
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Buyung
Sent: Thursday, November 23, 2006 5:46 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Urang Sumedang na Mana?? tandang nyandang kahayang??
dad, geus balik yeuh?ayeuna keur di warnet mana. masai????
----- Original Message -----
From: dadikurniadi
To: [email protected]
Sent: Thursday, November 23, 2006 2:33 PM
Subject: [Urang Sunda] Urang Sumedang na Mana?? tandang nyandang kahayang??
Pararunten kasadarayana,
dararamang arariyeu teh,
Haturan ti kuring, baktos kasadayana, wilujeng tepang we...
khususna ka urang Sumedang, nepangkeun simkuring ti kaanggangan.
Waktos simkuring nuju cuang cieung di nagri batur, lieuk deungeun
ragap taya, kamana nya ngumaha, ieu lain itu lain, taya kisunda hiji-
hiji acan,
Bari keur baluweng, teu ngahaja ngalieuk ka beh kulon ditutugan
gunung KUSNET ari breh teh aya kisunda jeung para warga sanesna nuju
gempungan. Bungah taya padana, asa mogok manggih gorowong, asa nanjak
manggih pudunan ceuk paribasa mah, asa nonjok congcot.. bari can
ngarasa oge. ieu mah babasaan... teu kenging protes. Cindekna bungah
kagiri-giri, bungah armawatasuta....jrek nong!!!! bari kecrekna
ditejeh.
Panasaran ku galecokna, nya ku kuring disampeurkeun, bari uluk salam
"assalamu alaikum" ceuk kuring dodongkoan bari asa-asa bisi disaha-
saha, "punten nya nuju gempungan ieu teh? meni uplek kieu...??"
Diwaler ku MJ "muhun nuju gempungan Ki, bilih bade ngiringan mangga
we geura sila, ngan hapunten teu aya lalawuhna, malum gempungan di
pos ronda!"
"alhamdulillah, hatur nuhun diangken,puguh ge ieu teh nuju
bararingung, sararedih taya batur sunda hiji-hiji acan anu wawuh di
ieu nagri".
"dupi ayeuna dimana ngancrek teh?" ceuk salah saurang nu calik di
popojok, kang buyung sigana mah.duka si Abah kitu.
"di jiran...anu rek ngarebut ambalat tea geuning.."
"oohhh..." ceuk nu gempungan rampak sekar.
"Ari, kawit timana atuh?"
"Ti Sumedang Kang, bilih aya urang Sumedang, sakantenan nepangkeun,
tapi Sumedang na ge rada nyingcet ka perbatasan Majalengka. malahan
mah, pami sakalian rek ngecrik atawa ngokodok lalawak, beunteur jeung
sepat oge indit teh nya ka beh majalengka pan, nyaeta walungan
Cilutung."
"Oohhh... ceuk nu hadir".
"Malahan mah basa keur leutik basa keur jadi budak angon, unggal poe
meuleuman sampeu ladang ngala teu bebeja ti belah peuntas teh..."
"Da lain maling eta mah, da bongan na wae basa rek menta teh nuboga
na keur euweuh dikebon. Mang nuhunkeun sampeu! Seug nyabut wae! ceuk
kuring keneh..heheheh.."
"Aeh... atuh kamalinaan nepangkeun teh??? ceuk MJ.."
"heheheh.. punten!!"ceuk kuring bari ngabelehem.
wasalam
- baraya ti kaanggangan-
>
>
>
>
>
> Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small
Business.
>
>
>
>
>
__________________________________________________________
______________
> Do you Yahoo!?
> Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.
> http://new.mail.yahoo.com
>
__________ NOD32 1879 (20061123) Information __________
This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com
---------------------------------
Sponsored Link
$420,000 Mortgage for $1,399/month - Think You Pay Too Much For Your
Mortgage? Find Out!