KAng,
pami hoyong ka cimanintin mah, ti wado teras we ka wetankeun jurusan
bantarujeg. ti kirisik (nyalindung) belok kanan teras we palih ditueun
cipeundeuy. kapungkurmah jalan na tos aspal, duka ayeuna mah masih sae atanapi
tos resak. pami kaditu, taros keun wae pak kuwu kawalon, ayeuna oge anu janten
kuwu teh putra na kuwu wahyu, insya alloh moal nyasab.malihan pami naroskeun
heula di nyalindung oge, moalbireuk lah.
pami ti ciranggem mah teu aya jalan.
pami kalembur, salam we ti kuring ka pa kuwu eje, pami bade mondok mah di pun
raka we, taroskeun bumina ibu entin (istrina Pa Ade/polisi), insya allah
gratis, heheh
Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Duh... Ade..ade....
Dugi ka kitu.....Abdi ngajenghok yen ade tos teu aya. Sobat pisan eta
teh...batur kokoceakan waktos Bulan Bahasa. Biasa sok wakil jadi pembacaan
puisi ti unggal kelas, anjeuna IPS abdi IPA. Ade mah kengging wae....anjeuna
mah deukeut pisan ka guru bhs Indo teh da hoyong tiasa kanu puisi, sareng
pinter we puisina.
Abdi hoyong ka cimanintin kang, jalanna ka mana? abdi tos dugi ka
Ciranggem...malih mah sering ka Jemah sok kukulintingan.
Cenah mah Cimanintin mah taneuh na labil da lempeng anu pecah. Patahan
tea....Patahan Gunung jagat. Abdi resep ningalian historis geography teh.
Hoyong pisan ka dinya.
Sakitu heula...
Sahman
Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Website :
http://jatigede.bravehost.com/
http://priangan.freewebpage.org/ Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com
---------------------------------
Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business.