Sumuhun leres pisan sakumaha diserat ku Kang Foeji dihandap (Akang atanapi 
Teteh nyaa...?!Mung piling mah Teteh euy heuheuheu...).
Sagala rupi nu aya pakuat-pakaitna sareng quality control eta, kedah aya 
sertifikasi ti BP Migas. Pami dijalankeun leres-leres mah, taya 
kong-kali-kong, kamungkinan kajantenan kacilakaan teh tiasa diminimalisir. 


Nya nu janten handeueul mah, eta ceuk cenah, Timnas Penanggulangan Lumpur 
Sidoarjo teh saleresna tos ngambeu ti anggalna yen aya 'pergerakan tanah', 
duka sabaraha cm per sasih na mah kirang apal. Nanging maranehna teu 
geura-geura ngalakukan hiji tindakan preventif. Manajemen Risk teu 
leres-leres diaplikasikeun. Duka teuing naon hahalangna. Duka masalah 
'duit', birokrasi atanapi duka maranehna teu 'becus gawe' heuheuheu...

Duka teuing ah...



Baktos,
OTA



kang ota,
saurna mah welderna teh ngagaduhan sertifikat ti migas, hasil lasna ge eta 
teh gaduh sertifikat oge nu dikaluarkeun ku migas oge.. dugi ka coating 
sateng paintingna ge kedah aya sertifikatna..
 
aya 29 syarat (duka naon wae) tiasa kaluar sertifikat eta... sagedengen 
sertifikat kanggo welderna, materialna, jrrd...
 
hehehe ... kang ota .... duka ah .... teu paham abdi mah...
 
salam,
foeji__ 

Kirim email ke