Purnawarman (Purnavarmman) adalah raja yang tertera pada beberapa prasasti di
abad V. Ia menjadi raja di Kerajaan Tarumanagara. Ia mengidentifikasikan
dirinya dengan Wisnu.
Di Naskah Wangsakerta, Purnawarman adalah raja ketiga Kerajaan Tarumanagara
yang memerintah antara 395 – 434. Ia membangun ibu kota kerajaan baru dalam
tahun 397 yang terletak lebih dekat ke pantai dan dinamainya "Sundapura". Nama
SUNDA mulai digunakan oleh Maharaja Purnawarman dalam tahun 397 untuk menyebut
ibu kota kerajaan yang didirikannya.
Di naskah Wangsakerta juga disebutkan bahwa di bawah kekuasaan Purnawarman
terdapat 48 raja daerah yang membentang dari Salakanagara atau Rajatapura (di
daerah Teluk Lada, Pandeglang) sampai ke Purwalingga (sekarang Purbolinggo) di
Jawa Tengah. [1] Secara tradisional Cipamali (Kali Brebes) memang dianggap
batas kekuasaan raja-raja penguasa Jawa Barat pada masa silam
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nagarunding atanapi Nagaruncing? Upami Nagaruncing asa kungsi aya
anggota milist anu nyebatkeun gaduh eta keris, di Sumedang asana. Nagaruncing
ku anjeun upami teu lepat puterana Sanghiyang Cakradewa ti Panjalu.
baktos,
manAR
On 11/23/06, isuhar <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ke..ke..punten
kang ucep, ari sakaterang sim kuring mah di tatar
sunda teu aya anu namina Prabu Kian Santang, aya oge Prabu Siliwangi,
Prabu Brajadilawa di Sancang Jrrd. Pami nu dimaksad ku akang Prabu
Kian Santang nu di Godog Garut eta mah gelarna oge sanes prabu tapi
Sunan/Pangeran. Da simkuring oge terah mah ti Garut, padumukan ayeuna
di Pataruman. Reh-rehan ka Eyang Papak mah (Wangsa Muhammad)ti
garwana. Balik deui kana keris, aya salah sahiji keris ti Karajaan
Galuh nu ngaranna Nagarunding. keheula punten sakedap engke dihanca
deui......
hanca
Isuhar
--- In [email protected], ucep wahyudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Salian ti keris tangguh Pajajaran aya anu leuwih kolot nyaeta keris
Sagaluh nalika ayana Karajaan Galuh anu watesna ti kulon Walungan
Citarum ti wetan Purwa Linga jeung Purwa reja jawa tengah. Anu
bentukna betekok nudisebut Betok Budha atawa duhung contona anu di
situs www.hr-uwj.com.
> Eta keris heubeul pisan kungsi dicepeng ku Prabu Kian santang
jeung sunan Wijaya Kusumah atawa anu katelah Sunan Cipancar Limbangan
Garut.
> Nalika keur dicepeng ku Bao kuring Eyang Diperja (Cinunuk Garut)
kungsi dipaling ku Karto Suwiryo (DI TII)da cenah lamun nyepeng eta
keris tangtu bakal jaya siga PK Santang atawa Sn Cipancar. Tapi
buktina Karto Swy Malah nyangsarakeun rahayat Pasundan imah diduruk
jelema dipeuncitan. Ahirna ku pager bitis eta Keris beunang deui
ayeuna aya di Cinunuk deui.
> Cag
> Wassalam
>
> HR UCEP WAHYUDIN JAMHARI
>
> isuhar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Paralun ampun nu kasuhun, wening galih nu dipamrih,
hapunten nu
> diteda sateuacanna sanes sim kuring mayunan ka para karuhun nu
> ngarungrum, mapatahan hayam ngojay ka meri bawiraos ieu mah seja
> ngamumule warisan anu kalintang punjulna, lain bade pamer ria ujub
> jsjb ieu mah bakating ku mikareueus kana naon rupi hal nu tos
> diebrehkeun ti para sepuh ka sim kuring. Perkawis Sahadat Sunda,
sim
> kuring lain pelit ku pangarti sanes teu hoyong ngaberelekeun mung
da
> sagala rupa oge keedah 'nunda hiji perkara dina tempatna', boh
bilih
> para wargi terutami Kang Jaka ngaraos panasaran kana eta 'mantra',
> sim kuring yakin dina hiji waktos sareng tempat nu pas urang bakal
> ditepamgkeun.
>
> Hanca
> Isuhar
>
> --- In [email protected], Jaka <jaka@> wrote:
> >
> > ke heula, ke heula kang...tong ukur saliwatan kitu...
> > bade kamana atuh...
> >
> > kahijina, hatur nuhun kana cutatanana...
> >
> > hartos kujang kukuh kana jangji, eta anu ku simkuring
> > katampi ti kasepuhan...
> > teras kana eluk2anana...
> > kana bolong2na...
> >
> > aya kujang Sunda, kujang Pakuan/Pajajaran, aya kujang Sumedang
> Larang.
> >
> > bade tumaros ka sadayana...
> > 1. Naha sateuacan aya kujang teh, kawitna mah arit. aya nu kantos
> > ngadugikeun
> > ka sim kuring kitu. margi saurna, parahyangan mah subur makmur
> loh
> > jinawih
> > janten pakarang anu diaanggo teh arit tipayuna. kanggo
> > ngamangpaatkeun ieu alam
> > anu sakitu subur ku tatangkalan jeun jujukutanana...teras kabeh
> > dieukeun janten kujang.
> > numawi bentuk kujang oge memang sapertos "regenerasi" tina
> > arit...leureus eta
> > teh?...
> > 2. kang suhar...cik ah punten eta sahadat sundana diberelekeun
anu
> > kumplitna.
> > pan ieu teh babakan sunda kedah sah adat na heula...pami teu
> > tareurang kana
> > sahadat sunda teu acan diketok palu yeuh janten urang sundana...
> > 3. ka jajaka_subang...tug sadaya wargi...kumaha keris Pajajaran
> teh,
> > qisahna, babadna
> > tos aya nu mendakan teu acan?...panasaran yeuh...
> > atanapi memang anu dimaksad keris eta teh memang jigana kujang
> tea
> > meureun nya...
> > ngan panginten urang jawa anu ningalina nyebatkeunana keris
> > kitu?...ah...jigana mah..
> > jigana mah....da kujang mah memang katelah katangguhanana...
> >
> > hatur nuhun.
> > JA.
> >
> > isuhar wrote:
> >
> > > ......yaa ingsun sunda sajati
> > > sanghyang werengginggi maha prabu siliwangi
> > > pajajaran nyuhunkeun aub tangtanyungan
> > > Maha prabu brajadilawa ing sancang.....
> > > Kenging nyutat sakedik tina mantra sahadat sunda, supados jelas
> saha
> > > ari Siliwangi teh. Sim kuring baroraha pinter teu bodo-bodo
acan
> seja
> > > tambuh catur ngenaan Siliwangi-Pajajaran-Pusaka. Ari pusaka
> pajajaran
> > > teu aya deui lintang ti Ku-Jang. Hartina Ku-kuh kana Jang-ji,
teu
> > > lunca-linci angot pungkal-pengkol. Dupi anu disebat keris mah
> nyaeta
> > > inti-na tina Kujang. Jadi keris-na pajajaran ngancik dina jiwana
> > > urang sunda anu hatena bener-bener rancage, nyengitan (wangi)
boh
> ka
> > > batur sumawona ka dulur.
> > > Langkung saur bahe carek hapunten nu kasuhun, ceuk tadi oge teu
> bodo-
> > > bodo acan..
> > > Cag....
> > >
> > > --- In [email protected]
> > > <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com >, ":: boedax angon ::"
> > > <jajaka_subang@> wrote:
> > > >
> > > > Wangsit Prabu Siliwangi
> > > >
> > > > Sing waspada sakabeh turunan dia,
> > > > Ku ngaing bakal dilanglang
> > > > Ngan di waktu perlu, ngaing bakal datang deui
> > > > Nulungan nu barutuh, mantuan nu sarusah
> > > > Tapi ngan nu hade lampahna, mun datang
> > > > Ngaing moal kadeuleu
> > > > Mun ngaing nyarita moal kadenge
> > > > Memang ngaing bakal datang, tapi ngan
> > > > Ka nu rancage hatena
> > > > Ka nu weruh semu saestu, nu ngarti
> > > > Kana wangi nu sajati
> > > > Jeung nu surti lantip pikirana nu hade laku lampahna
> > > > Lamun ngaing datang teu nyawara
> > > > Tapi mere ciri ku wawangi
> > > >
> > > > Pun, geus ditangtukeun ti anggalna
> > > > Yen poe ieu bakal aya sora balarea
> > > > Nu bijil tina ati sanubari
> > > > Nu medal tina bagalna rasa
> > > >
> > > > Kiwari kami datang deui
> > > > Marengan make ngaran
> > > > Pancen jeung jiwa kami
> > > > Hayang matuh eta ngaran
> > > > Dina sungsum balung aranjeun
> > > > Hayang nitipkeun ngaran "Pakuan"
> > > > Pangancikan kami
> > > > Jeung hayang supaya eta ngaran
> > > > Tetep dijaga saperti nu geus dijalankeun
> > > > Ku kami baheula
> > > >
> > > > Geura tampa ieu ngaran
> > > > He .. nu ngageugeuh pakuan anyar
> > > > Omat sing bisa mawana
> > > > Jeung sing bisa ngabadanana
> > > >
> > > > Bral, sing panjang natar lalakon
> > > > Kasamaran picaritaeun
> > > >
> > > > Cag!.
> > > > Sumber. Universitas Pakuan
> > > > Keris teh salahsawios hiji hasil ti budaya bangsa nu tos
> kawentar
> > > di masarakat jawa keur hususna, jeung bangsa Indonesia umumna
> malihan
> > > mah samemeh Perang Dunia kadua keris teh kadudukan na teh
penting
> > > pisan keur kahirupan masarakat, buktina tinu paribasa yen hiji
> jalma
> > > tos cukup jeung lengkep hirupna lamun geus ngabogaan imah,
garwa,
> > > turangga, kukila, jeung keris (Djoko soekiman, 1982). Keris teh
> > > dingaranan wesi aji atau tosan aji besi anu aya nilaian,
dihargaan
> > > jeung di hormatan dianggap aya tuahan jeung karamat. Kukituna
> keris
> > > teh ngandung harti anu beda diantara nu mikaresepna.
> (Sumodiningrat,
> > > 1983). Seleresna na teh keris mangrupakeun hiji
sanjata "tikam",
> nu
> > > tos kawentar sanusantara nu beda corak jeung bentukna. Saluyu
> jeung
> > > parubahan jaman kagunaan keris oge aya parubahan tinu asalna
jadi
> > > sanjata jadi banda karamat, pusaka anu dipupusti, lambang na
> > > kaluarga, tanda jasa, tanda pangkat jeung jabatan, barang nu
> mewah,
> > > jeung karya seni. (Hamjuri, 1973).
> > > >
> > > > Sumber nu tertulis ngenaan keris loba disebutkeun dina naskah-
> > > naskah (Girardet dkk, 1983), boh dinu kitab-kitab parimbon nu
> isina
> > > ngeunaan catetan loba hal, dinu kitab-kitab sajarah atau kitab
> > > pancakaki para empu, jeung oge sok disebutkeun dinu kitab-kitab
> babad.
> > > > Dinu elmu keris atawa kerisologi (?) loba disebutkan ciri-
ciri
> nu
> > > natrat ngeunaan keris-keris nu alus jeung tangguh. Ciri-ciri na
> teh
> > > nu nunjukeun jaman iraha jeung daerah mana wae keris teh di
jieun
> na.
> > > Contona keris-keris nu tangguh: Pajajaran, Majapahit, Tuban,
> Sedayu,
> > > Blambangan, Pajang, Mataram, jeung Kartasura. Keris-keris nu
> tangguh
> > > eta tangguh Pajajaran anu paling kolot.
> > > >
> > > > (Sumber. Silihwangi dan Pajajaran Menurut Beberapa Sumber
Jawa,
> > > DR. Darusuprata)
> > > >
> > > > Nu matak kuring loba jeung hayang wanoh jeung nyaho teh keris
> > > Pajajaran teh nu kumaha, naha kawas samodel kujang, kungsi cek
> cenah
> > > ari keris Pajajaran mah bentukna teh lempeng eweuh pepengkolan
> jeung
> > > arula arileu na. Naha enya !!.
> > > >
> > > > Cag ach.
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > > Pamairan Sili(h)wangi
> > > >
> > > >
> > >
> > ..................................................................
> > > ..........................
> > >
> > ..................................................................
> > > ...........................
> > >
> > ..................................................................
> > > ...........................
> > >
> > ..................................................................
> > > ...........................
> > > >
> > > > Kula ngajadi ti heula, mangsamulang malebu ka maha suci
> > > > Kula jadi panungtun , Papadang arinyana.
> > > > Nyaangan jalan rahayu, Cahya awal sesebutan
> > > > Papadang raspati mati.
> > > > Sakitu kaula nyarita, Mun teu enya arandika hayang panggih
> > > > Jeung kaula nu satuhu, Geura prak tareuleuman
> > > > Di kujur inyana satangtung, lain ngalah carita
> > > > Tapi ku ngarucut diri.
> > > >
> > > > http://geocities.com/jajaka_subang
> <http://geocities.com/jajaka_subang>
> > > > http://serentaunsbr.multiply.com
> <http://serentaunsbr.multiply.com>
> > > >
> > > >
> > > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> >
> >
> > --
> >
>
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Sekarang dengan penyimpanan 1GB
> http://id.mail.yahoo.com/
>
> ---------------------------------
> Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik
terhadap spam.
> http://id.mail.yahoo.com/
>
---------------------------------
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!