Bagea, Teh Ita... Wilujeng sumping tur gabung di komunitas urang sunda di internet. Nepangkeun oge, kuring sikandar urang garut, kungsi sababaraha taun nyuprih elmu di Bogor, ayeuna di Jakarta, tapi enjing duka aya di mana deui...
Punten, ngalereskeun sakedik... Kalimah judul "wilujeng dongkap" teh henteu merenah, sabab "dongkap" mah keur diri sorangan. Keur batur mah "sumping", jadina "wilujeng sumping". Mangga dilajeng, omat ulah pundungan, bisi disangka kolot, heheh... Nuhun! On 11/28/06, ita_mikar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
wilujeung enjing (mung ngabacana enjing) abdi teh nembe gabung di komunitas ieu. salam kenal. abdi ita ti bogor. tp damel di jakarta. hapunten bahasa sundana rada awon. ...
-- sikandar kumincir.blogspot.com su.wikipedia.org www.urang-sunda.or.id

