Ari ceuk kuring mah gampang pisan, sarua bae jeung sesebutan pikeun jalma
sejen. Urang nyebut "urang Sunda" sami bae sareng kasus "urang Inggris", nu
nujul kana harti yen eta jalma teh boga getih Sunda atawa sarakanana aya di
tanah Sunda; atawa jalma nu boga getih Inggris atawa sarakanana di Tanah
Inggris. Jadi ulah olohok mun aya jelma hideung lestreng ciples urang Aprika
nu ngaku urang Sunda, da di Inggris ge loba jalma hideung lestreng ngaku
urang Inggris.

Hiji deui, ulah tinggaleun, yen eta jalma kudu ngaku jeung ngarasa yen
memang dirina urang Sunda. Misalna kuring boga getih campuran Sunda & Jawa.
Tapi kusabab kuring lahir jeung tumuwuh di Garut, nya kuring teh ngakuna
urang Garut. Heheh... teu pegeh... Enya, jadi we kuring ngakuna urang Sunda.
Duka lamun baheula indung kuring dibawa ka Gondanglegi, sahingga kuring ge
lahir teh di ditu, di Tatar Jawa, nya sigana galib bae mun kuring ngaku
urang Jawa. Kitu meureun nya?

Tap kade, dina widang2 anu husus, misalna genetik, masalah per-urang-an teh
kudu bener2 daria. Misalna kuring teu bisa ngaku urang Sunda, sabab sacara
genetik dina awak kuring teh aya Jawaan. Jadi, mun kitu mah pananya teh kudu
dibalikkeun deui, kabangsaanana teh ditilik tina jihat naon? kajiwaan sosial
atawa genetik?

Iseng2 teu hadiahan, mangga eusian titik-titik di bawah inih ku
kasukuanana... mun apal eta ge...

uyut lalaki ti aki ti pihak bapa:
uyut awewe ti aki ti pihak bapa:
uyut lalaki ti nini ti pihak bapa:
uyut awewe ti nini ti pikah bapa:
uyut lalaki ti aki ti pihak indung:
uyut awewe ti aki ti pihak indung:
uyut lalaki ti nini ti pihak indung:
uyut awewe ti nini ti pikah indung:
aki ti pihak bapa:
nini ti pihak bapa:
aki ti pihak indung:
nini ti pihak indung:
bapa:
indung:

On 11/29/06, totong usman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   trah sunda anu ibu-ramana sunda bolongkotan teras dina tingkah paripolah
anu munjul teh masalah kasundaan.

, atanapi urang diluar trah sunda tapi dina tingkah paripolah anu munjul
teh masalah kasundaan, jang naon ngaku urang sumedang, urang ciamis tapi
ari nyarios era ngangge basa sunda sareng urang sunda deui


--
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke