Kamari, keur magang jadi peletok, aya budak umur SD nyampeurkeun, nanyakeun
buku tulis. Kayungyunna teh, eta budak calakan teh nyarita make basa Sunda.
Ni lucu, "Ari nu eta sabarahaan? Nu hiji deui sabarahaan? Anu ieu, weh. Ari
buku gambar, aya? Nu ieu sabarahaan? Nu ieu hiji, sareng bungkusna hiji.
Janten sabarahaeun? Bungkusna mah henteu janten. Naha? Kana peremenkeun we
dua."

Kuring teu kuat hayang nanya, boa2 incuna Pa Supriyatna anu sok nulis di
Cupumanik. Tapi sigana mah lain.
"Eneng ari bumi di mana?"
"Di lebak..." Anjrit... mun mojang tea mah, geus moal antaparah deui...
disusul siah ku aing... heuheu

On 12/2/06, Ahmad Toha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Cih...... sarua kang sok pada ngece....!

Anak kuring 10 taun, jeung 7 taun awewe deuih, kadang-kadang sok ngomong
basa "kasar", ku indungna mah sok dicaram, tah ku kuring mah tara di caram,
keun antepkeun hayang nyaho lah.

Keun lah meh basa Majalengka teu tumpur.

Kirim email ke