diskriminasi spp sakola dumasar pituin henteuna, teu kaci dilakukeun. sabab bandung masih keneh aya di republik endonesya, hukum jeung aturananana sarua beunang urang jakarta. haha.
australala sanajan kitu, ari beda nagara mah, memang lumrah. siga Australala, spp pikeun wargana mah murah dibanding pikeun msiswa asing/deungeun nu sakola di dinya. urang indonesia-tangtu anak nu beunghars, kalolobana tionghoa-sarakola di australia, mayar spp leuwih mahal. tapi pamarentahna ngarasa geus ngalakukeun sikep adil, sabab sawareh tina spp urang indonesia di dinya, dibalikeun deui ka urang indonesia mangrupa beasiswa di australia. tah, nu meunang beasiswa eta, biasana dosen atawa pns/bumn nu kalolobana mah, urang2-nu teu mampu sakola ka australala biaya sorangans. eropa kontinental/skandinavia di eropa daratan sabangsaning perancis jerman austria, oge dikalerna, denmark, swedia, finland, norwegia, cek si cenah, sakola haratis. eta aturan tetep diterapkeun oge pikeun pihak msiswa deungeun (asing) cara urang endonesya. hak jeung kawajibanana sarua. cenah ayeuna masih gratis, ngan urang luar kudu boga bekel tabungan di bank. sangkan hirup jeung sakolana lancars. mj http://geocities.com/mangjamal

