Caladi Bawang jeung Raja Jin
   
  (Dongeng hiji aki-aki urang Panaruban, Ciater, Subang, ka incuna. Taun 3456)
   
   
  Jang, baheula mah cenah aya manuk nu ngaranna caladi bawang. Kumaha rupana? 
Hidep tong tatanya. Da, aki ge teu nyaho. Tong boroning nu make bawang, dalah 
caladi biasa ge aki mah ngan nyaho ngaran: Cenah, di dunya ieu, kungsi aya 
manuk nu ngaranna caladi. Nyaho ge, baheula, di Bandung, kungsi aya jalan nu 
ngaranna Jalan Caldi. Baheula mah di dinya teh aya pabrik kaos nu kawentar, 
C-59. Ayeuna mah geus pindah ka Ustrali eta pabrik kaos teh. Jalanna ge geus 
euweuh. Malah pilemburan di lebah dinya ge geus areuweuh. Geus jadi superblock  
Barcelona Santosa Miminimalisan Uptown.
   
  Tapi, ieu aya dongeng nu pakait jeung caladi. Tong nanyakeun falsafah atawa 
semiotikana sagala. Ieu mah tamba euweuh gawe bae. Aki keur hanjelu, nunggu 
semah ti tatadi teu datang. Hanas mandi jeung salin sagala.
   
  Enya. Ieu mah itung-itung ngawaris maneh ku sajarah jeung kaweruh (oge 
kateuweruh) buhun. Sugan bae panggih jeung Mang Paat.
   
   
  Baheula, di tatar Banjar City kiwari, aya karajaan nu ngaranna Pulo Majeti. 
Matak disebut pulo ge, eta karajaan teh aya di tengah pulo. Pulo Majeti. Nu 
kiwari mah dikurilingan ku pasawahan jeung leuweung kota – boa-boa sawareh mah 
geus jadi apartemen jeung stadion, ketang. Baheula, mangsa hidep acan aya, 
malah buyut aki maneh ge masih di loh mahpud, eta pasawahan teh masih mangrupa 
rawa. Rawa Onom. 
   
  Cenah mah nu ngabukbak eta rawa jadi pasawahan teh pangsiunan Wadana 
Karangampel, Indramayu : R.Bratanaa, bubuka abad ka 20, nu oge kungsi jadi 
Wadana Rancah, nu di antarana ngabawahkeun rawa tadi. Tangtu bae jeung Pulo 
Majetina, belegug!
   
  Nu jadi raja di tea karajaan ngaranna Prabu Selang Kuning Sulaeman Anom. 
Prameswarina, Ratu Candrawati atawa, aya oge nu nyebut, Ratu Gandawati. Maneh 
tong make molotot kitu, Jang! Aki ge teu nyaho, mana nu pasti: Naha Candrawati 
atawa Gandawati? Aki ge ukur nyutat tina bab Rawa Onom, dina buku Inventarisasi 
dan Dokumentasi Sumber Sjarah Galuh Ciamis, yasana H.Djadja Sukardja, 
pangsiunan guru, nu kungsi ngawulang di STM Tasik jeung Ciamis.
   
  Ngan, cenah, ieu ratu nu geulis kacida teh turunan jin. Ibuna Jin Kuraesin ti 
nagri Ajrak. Si ibu ieu, oge disebut Putri Siti Bulkes. Kade, tong pahili jeung 
Ratu Bilqis dina sajarah Kanjeng Nabi Sulaeman Alaihi Salam. Atawa ieu dongeng, 
ku sabab caroge Ratu Gandawati oge aya Sulaeman-Sulaeman kitu, pagalo jeung 
tareh? Nyao teuing. Eta mah bagean Cindy Nataatmadja-Holt, ahli sajarah lisan 
jeung mitologi ti Kusnet Galaxy University.
   
  Nu pasti mah, tepangna Kanjeng Prabu Selang Kuning sareng  Ratu Gandawati ge 
teu eleh ahengna: Hiji mangsa, Kangjeng Prabu saba lembur tunggang kuda 
sembrani. Mun ayeuna mah meureun ieu kuda teh sarupaning Jaringao-copter, nu 
kamari ku lanceuk maneh dipake nabrak Siradzul Tower. Nepi ka urang Kuwaitna 
ngontrog bapa maneh.
   
  Tah, mangsa ngapung ngideran bumi, ti awang-awang, Kanjeng Prabu ningali 
cahaya sumirat nepi ka langit. Awahing ku caang. Ana dideukeutan, singhoreng 
teh Ratu Gandawati. Nu harita mah, tangtuna ge, pantesna, masih Putri 
Gandawati. Can jadi ratu.
   
  Ningali geulisna Putri Gandawati, sanajan karek harita, Kanjeng Prabu 
langsung kaiwat manahna. Harita keneh anjeunna ngutus manuk caladi sangkan 
manglamarkeun Putri Gandawati keur anjeunna.
   
  Rumasa ngan ukur manuk, si caladi teh embungeun. Ngadon baha ka raja 
sorangan. Pajarkeun teh, mana aya nu percaya yen manehna utusan raja. Ukur 
manuk. Bari caladi. Leuheung mun galudra atawa heulang. Eh, boa-boa, Jang, 
caladi teh sarupaning galudra? Rumasa aki mah teu apal. Tapi, sigana mah 
heunteu, nya? Paling ge caladi mah jiga piit, leutik. Meh deukeut ka peureup 
budak. Mana manehna teu PD ge. Komo nu rek disumpingan teh, nu rek dilamar tea, 
putri. Putri Gandawati.
   
  Eleh deet, jeung nu utamana mah geus kagembang ku kageulisan Putri Gandawati 
tea, ahirna Kanjeng Prabu ngalaan makutana. “Tah, ieu makuta pake ku silaing. 
Tandaning yen sia teh wawakil dewek,” saur Kanjeng Prabu, bari masangkeun 
makuta dina hulu caladi. 
   
  Kersaning Gusti nu Maha Wenang, ari beres Kanjeng Prabu nyaur, bleng teh si 
caladi salin rupa. Lain jadi uncal atawa marmot. Komo jadi jet-coaster atawa 
kareta gantung mah, nu ayeuna ngebat ti Ciater ka lembur urang, sakumaha 
kalayan belegug dusun kungsi diimpleng ku pangersa Bupati Eep saparakanca taun 
2000-an.
   
  Eta caladi teh awakna jadi gandang moncorong. Huluna meh gugurilapan. Pon 
kitu deui awakna nu dipinuhan bulu kelir koneng. Jadi tambah mencrang.
   
  Nya, ti harita, cenah, eta caladi teh disebut caladi bawang.
   
  Tina kituna mah pinter karuhun urang teh, Jang. Ngagambarkeun evolusi – 
kituna ge mun tea mah urang percaya kana kamonesan Juragan Darwin ieu—ku cara 
nyiptakeun dongeng siga kitu. Malah, boa-boa, Jang: Sir Darwin ge, sabenerna 
mah mulungan ti urang Ciamis pikeun nyiptakeun Teori Evolusina teh. Perkara 
Mendel, Galapagos, Malthus, eta mah akon-akon bae meureun, nya? Supremasi 
informasi atawa imperialisme iptek tea.
   
  Aeh, enya. Nepi ka poho: Sanggeus obah komarana mah, si caladi teh wani seba 
ka payuneun Juragan Putri. Atuh, Putri Gandawati ge, ningali wawakilna nu 
sakitu gandang jeung moncorongna, teu ngemut dua kali. Saharita keneh eta 
panglamar teh ditampi ku anjeunna. “Dengan sepenuh jiwa dan raga,” saur 
anjeunna, nyontoan sinentron taun 2000-an. Dina emutannana, wawakilna bae tos 
sakitu gagahna. Komo deui nu diwakilannana?
   
  Tangtu bae emutan Juragan Putri teh teu nyalahan. Waktu tepang sareng 
jinisna, anjeunna teu nginjeum panon: Kanjeng Prabu Selang Kuning teh kasep 
kacida. Mun taun 2000-an mah, cenah, nu ngadeukeutan kasepna Kanjeng Prabu teh 
ngan Tom Cruise jeung Aom Maman – teuing Maman nu mana. Ayeuna mah paling ge, 
nu rada deukeut teh Suyud Nawali Bid’ah, bentang film nu ti Mesir tea.
   
  Pondokna carita, Kanjeng Prabu nikah sareng Putri Gandawati. Dileler putri 
hiji: Nyi Mae Mayang Munah. Tuh, pan geus digalokeun deui pangaruh Islam jeung 
pra-Islam teh? Tetela motekar jeung picontoeun karuhun teh. Teu sagalana 
diarabkeun. Nu geus nyampak di pipir imah ge masih tetep diampihan, dipulasara. 
Nu heubeul jeung nu anyar ditumbukeun. Kaasih Gusti nu sumarambah ka tiap 
jalma, dirawatan, diropea. Meh euweuh nu ngaranna perang antar peradaban teh. 
(Meureun).
   
   
   
   
   
   
   
   
     


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
 
---------------------------------
Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business.

Kirim email ke