Kahatur Kang Waluya,

Muhun kang..pada harilapeun panginteun pada saribuk demo dijalan-
jalan nentang G.walter bush, porno majalah play boy jeung produk 
amerika laina.
Padahal smackdown teh pan produk amerika keneh, tapi naha caricing 
bae atuh. Sok daremo kadinya, teuing ah..lieur.

wasalam
Delun
************
--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Tadi isuk-isuk maca koran Tribun Jabar saliwat, cenah Komisi 
Penyiaran 
> Jawa Barat ngangluh ka stasiun TV Lativi kana acara "smackdown", 
acara 
> kaheurasan nu unggal poe diputer ku lativi. Aya kajadian budak umur 
9 
> taun maot, kulantaran heureuy smackdown-smackdownan jeung 
babaturanana, 
> nurutan dina TV. Eta budak teh dibantingkeun ku batur-baturna. 
Waktu 
> mimiti mah teu nanaon, tapi sanggeus tilu poe budak teh jadi 
gering. 
> Pas dipariksa ku dokter, horeng "geger otak". Lima poe sanggeus 
> dibantingkeun, budak teh ngantunkeun. "Smackdown" jadi acara 
populer di 
> barudak. Sticker pamaen smackdown dijualan.  
> 
> Lamun ningali kitu "Smackdown" langkung bahaya tinimbang acara-
acara nu 
> sok dikatagorikeun "porno" ka sabagian jalma. Tapi aneh kana 
tayangan 
> ieu jarang aya nu protes ...... Kakara ayeuna, kulantaran geus aya 
> korban.
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke