tah nyambung jeung tulisanna kang kumi jigah nah mah.. engke mah nu jadi
basa sunda teh nya basa nasional tea meureunan nya kang? kahareupna basa
sunda robah jadi basa ingris sanggeus globalisasi 100% jadi.. basa sunda
lain deui aing jeung sia tapi ai n yu... tapi keukeuh urang sunda na mah teu
bisa jadi urang ingris da irung tetep mancyung! kabeuki "teuteup" ...
jengkol! eh ketang nu ieu mah bisa dirobah... tuh tingali di mol pan kolonel
sanders nepi ka kalabakan nya? haha

hay hay hay...
dh
nu kamari keukeuh ngaemaskeun ngaembakeun

On 11/29/06, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  ari musnah mah moal jigana basa sunda teh ngan 'robah wanda' da geuning
mun ngabandungan majalah mangle we nu taun 1970an tug nu taun 2000an asa tos
seueur pisan robihna boh istilah2na boh gaya na... meureun nu disebut
'musnah' teh basa sunda nu wanda na ceuk ukuran hiji waktu/masa nu tangtu,
komo nu disebut urang sunda mah katingalna mah tong hariwang da nu dumuk di
pilemburan sunda masih aya tur cumarita dina basa sunda... ngan lebah buku2
basa sunda tah kacida pisan kurangna... da meureun nu nulisna ge geus
kurang.... sok komo usaha pamarentah mupujuhkeun basa jeung sastra sunda sok
sanajan aya perda na tapi da jigana teh hare-hare hirup we sakadang
pamarentah daerah teh (oge klebet DPRD na) boh provinsi jawa barat boh
pemda2 kab/kota di tatar sunda lianna... asa teu katingal hojahna.... dina
ayana ge ngan ukur purwa kadenda mangrupa 'proyek' nu biasana dibancakan
keun..

dmar

*datiparang <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:

 ti kamari pananya kieu kukulintingan jero uteuk.... saprak di milis ieu
rame (deui) madungdengkeun basa sunda bakal musnah... naha enya basa sunda
bakal leungit sanajan balatak keneh urang (nu ngaku-ngaku) sunda, naha enya
urang sunda bakal leungit lamun basa sunda geus euweuh deui nu make?

jadi mikir jiga hayam jeung endogna... naha basa atawa urang sunda heula
nu bakal musnah? atawa babarengan leungitna kitu?

dh

On 11/29/06, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    janten urang suda teh masih aya? mun basana geus dianggap hese atawa
> teu wani makena meureun urang sunda teh ngan tinggal ngaran wae nya? tapi
> ketang teu ngabibisani da geuning pun alo ge boh nu cicing di tatar sunda
> sok komo deui nu ka luar ti tatar sunda geus teu bisa deui nyarita dina basa
> sunda ceuk cenah mah kulawarga urang sunda memang teu jiga kulawarga suku
> jawa nu lewih geten kana basa jeung tatakramana... jigana ka hareup mah
> urang sunda bakal kursus basa sunda ka kang miki atawa ka bangsa deungeun
> lianna nu masih geten tur heman make basa sunda... euleuh....??? sok geura
> mang jalam atatapi ua sas geura geura muka kursus basa sunda ...
>
> dmar
>
> **
>




--
::daluanggebisatinabincurang::

Kirim email ke