aya beja pabeja-beja cenah di qatar mah mun hayang mindo haji kudu nunggu
tilu taun heula... bener kitu? punten ah kusus ka baraya sunda urang qatar.

dh

On 11/29/06, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Kuring oge Satuujuuuu...
Sok ah urang rojong...., hehehehe, rojong kapamerentah supaya ngaluarkeun
aturan Haji cukup sakali, sareng anu kedah diperhatoskeun batiniahna tina
Ibadah Haji, ulah simbulna wungkul....


----- Original Message -----
*From:* tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]>
*To:* [email protected]
*Sent:* Wednesday, November 29, 2006 1:10 PM
*Subject:* Re: [Urang Sunda] Fwd: Haji Pengabdi Setan

 Si kuring satuju sareng paninggali KH ALi Musthafa.
Leres, Hajji anu kategori Fiqh-na Sunnah Muaqqad teh, tiasa janten haram
nalika aya satumpuk kawajiban anu lewih atra tur urgen di hareupeun urang,
kalah ka teu ka tolih.
Jadi emut ka salah sahiji sepuh kuring di bayongbong (alm). Anjeuna, sok
sanajan beurat benghar, kaleresan mung gaduh putra kukut wungkul saurang,
gaduh pamadegan, yen haji mah sakali bae. Saur anjeuna, ganjaran ngadamel
sakolaan--boh agama atanapi sakola umum--atawa ngarenovasi sangkan hade deui
tur layak, langkung ageung batan hajji anu kadua jst.
Ceuk anjeuna, teu payus mun aya keneh sakola anu rubuh, budak anu teu bisa
sakola, tapi urang hajji sababara kali.
Sigana pamarentah geus kudu ngaluarjeun kawijakan anu leuwih stratehis
dina masalah hajji, nyaeta: ngawatesan sabaraha kali meunang hajji, terus
supaya teu loba daftar tunggu, faktor umur oge. Contona, hajji maksimal ngan
dua kali, tur umurna minal 35. hehe. JAdi siga kuring, masih keneh lila.
haha

tantan




































--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com

Kirim email ke