Pangalaman Poe Salasa. 1. Poe Salasa kamari kuring teh meunang ondangan ngahadiran (judulna mah gaya) Seminar Nasional Berdayakan Perpustakaan Untuk Peningkatan Budaya Baca Masyarakat, nu diayakeun Bapusda (Badan Perpustakaan Daerah) Jabar gawe bareng jeung Pusnas (Perpustakaan Nasional), nu jadi pemakalahna Tantowi Yahya ( Duta Baca Indonesia) jeung Yessy Gusman, Gub Jabar, PKK, Disdik Jabar, Ketua DPRD Jabar. Acarana di Hotel Grand Pasundan Bandung. Rame. nu ngilu teh aya kana 300 jalma, lolobana ti PNS. Dina palebah nanya, unggal jirangan ge kuring teh ngacung hayang ngomongkeun basa Sunda, tapi ku moderator teu kapilih bae, eta meureun pedah gondrong tapi geus kolot. Ti isuk, acara telat dibukana da ngadagoan sang Gupernur rawuh, he he....biasa pan inohong mah elat bae. Lekasan tabuh opat sore. Kabeh ge pemakalah ti pamarentahan mah jawabanana normatif, geus diusulkeun, dagoan anggaran anyar, aturan, jeung marentah (geus ngaluarkeun putusan no sakitu....), euweuh "gereget"na. Teu inspiratif. Instruksional. Nu disebutkeun nu alusna/keberhasilan bae (poho atawa api-api poho kana kakuranganana) Atuh data anu dikaluarkeun ku pamarentah ge karasana teu pas, nyebutkeun unggal kantor/dinas geus boga perpustakaan teu disebutkeun buku naon nu aya, atuh kitu deui nyebutkeun TBM (Taman Bacaan Masyarakat) di desa geus sakitu ratus, teu dibandingkeun jumlah desa sa Jabar teh sakitu rebu kakara aya TBM sakitu ratus, encan perpustakaan sakola. DPRD ge ampir sarua, ngan nu ieu mah ukur ngadorong budget-na sangkan asup kana anggaran. Basa ngobrol jeung pamilon anu lain, kuring nanya buku naon bae nu aya di perpustakaan kantor/dinas teh, ya koran jeung bacaan jawabna, ceuk kuring teh euh kanggo referensi panginten, dijawab deui ah teu kitu kanggo dibaca di kantor we cenah, ku kuring diudag, kapan ka kantor teh sanes bade maca buku tapi bade didamel melayani masyarakat, dikitukeun teh eta pamilon baju coklat siga nu rada ngagebeg, kuring terus ngomong deui, upami nuju didamel peryogi data tambihan nembe lumpat ka perpustakaan, upami peryogi referensi sanes nembe ka perpustakaan, ari koran sareng novel mah panginten dibacana dina waktos istirahat. Tantowi nyaritakeun yen dirina ngan lulusan D1 NHI, teu kungsi sakola deui, tapi kungsi gawe di perusahaan PMA 3 kali dina posisi anu sakuduna dicekel ku anu sakola leuwih luhur, bisa ngigelan teh kulantaran mindeng maca, boga pausahaan loba jst, eta kabeh ge tina loba maca. Kitu deui Yessy, ieu mah nyaritakeun pangalamanana nyieun perpustakaan di kampung-kampung, nya teu beda ti MJ lah, ngan ieu mah lantaran artis jadi rada babari neangan donatur. (MJ...geura jadi selebriti atuh ambih babari neangan donatur...!!) Kuring maling waktu mikeun brosur Rumah Baca Buku Sunda ka Tantowi jeung Yessy. Nu rada gumbira teh kuring panggih jeung Kang Atip Tartiana (sok nulis hal politik dina PR) sabage wawakil Mappusta (Masyarakat Pengguna Perpustakaan), panggih teh ku kabeneran, keur dahar neangan tempat diuk, nya diuk di sisi kolam renang, aya nu gek diuk marengan barudak ngora tiluan, tah didinya tuluy wawanohan, saurang diantarana Kang Atip. Ngobrol teh rada uplek, malah ngajak aktif di Mappusta da rek reorganisasi cenah, kuring ukur ngaheheh..., ceuk kang Atip Rumah Baca Buku Sunda aya dina majalah anu dikaluarkeun ku Bapusda, keur inspirasi ka nu sejen cenah. Hasil tina ieu seminar teh alus, aya sumanget pikeun ngagedurkeun minat baca.
2. Poe Salasa teh aya dua acara nu kudu ngilu, hiji deui mah ngilu pameran buku di Musium Sribaduga, sabenerna mah lain pameran tapi rek jualan buku,nebeng kana acara pameran Numismatik, memeh balik ka imah nyimpang heula ka Musium Sribaduga, sugan teh aya keneh balad ti pasar buku nu rereongan ngabiayaan nyewa tempat, tapi geuning geus suwung. Nya ditelepon kumaha situasina, beu geuning pesimis, cenah euweuh pisan nu nanya nu rek meuli buku. Pameran numismatik teh sabenerna rame nu ngadongdon tapi lolobana barudak SD jeung SMP, jadi teu pas kana buku anu dijual. Stand nu jualan teh aya dua, hiji kuring jeung balad, nu hiji deui mah Abah Agus jualan prangko heubeul urut jeung duit heubeul, stand dahareun mah loba. Beu kurang promosi yeuh ceuk gerentes hate, eleh ku barudak ngora ti komunitas buku, teuing atuh anu kudu promosi teh naha kuring sabalad-balad atawa panitia, untung ari kuring mah encan mawa buku anu rek didagangkeun da angkanan teh lila keneh waktuna, cenah mah panitia mere waktu teh 2 minggu. Sigana kuring mah moal jadi jualan buku didinya teh, keun bae rugi mah da resiko usaha. Dibandingkeun hiji kagiatan anu dikokolakeun ku pamarentahan sok beda hasilna jeung anu dikokolakeun ku EO swasta, beda gebyarna. Poe tadi (Rebo) kuring ka Musium Sribaduga deui, hayang nyaksian sorangan situasina, enya tiiseun, tapi aya untungna kuring bisa ka Perpustakaan Sribaduga, nya manggih buku Kidung Sundayana, Bandung Mooi, jeung ...aeh poho deui judulna, ka petugas menta fotocopyna, tadina mah rek neangan buku Genjlong Garut jeung Pariboga, ari nu diteangan mah euweuh, neangan buku Genjlong Garut teh pedah we dipesenan ku Kang Tantan, tapi aya nyaynyayan anu sanggupeun neangan cenah mah ayana di Australi di Wendy Mukhenrjee. Lamun tiiseun kieu kudu boga daya tarik sejen, jorojoy we hayang bisa sulap, siga Deddy Corbuncir, nya bisa bisa ngabingkengkeun sendok atuh...ku kabeneran kuring manggih guruna di Bandung, isuk pageto mah kuring rek diajar. Sugan we dina acara HBH taun hareup kuring geus bisa sulap,...he he...!!, ngan rada mahal mayarna eungg, lamun kuring geus bisa sulap bisi aya nu rek diajar nya ka kuring we, jeung mayarna rada mahal...he he....!! 3. Pasosore poe Salasa, kira kira tabuh satengah genep, ka imah aya budak awewe, sakolana di SMP, meunang tugas ti Pa Tjetje Hidayat guru SMP 13, kudu neangan buku novel basa Sunda, eta budak ngomong ka kuring make basa Indonesia, ku kuirng teh ditanya bisa henteu basa Sunda, jawabna bisa sedikit-sedikit, terus ku kuring ditanya deui ari diimah make basa naon, jawabna make basa Indonesia, terus kuring nanya deui indung bapana na urang mana, jawabna indungna Jawa bapana Sunda, bep weh kuring teu tatanya deui, budak milihan buku basa Sunda, lamun teu dituduhkeun mah bisa kalangsu da kerewek teh kana buku carita pantun, padahal anu diteangan novel. Basa budak balik, kuring ngomong ...salam ka Pa Tjetje, sampaikan anak-anak SMP basa Sunda-na amburadul.... ( kuring kungsi tepung jeung Pa Tjetje di Subang basa Kongres Basa Sunda). 4. Lamun budak kuring rada flu sok buru buru dipangneangankeun obat ambih sehat deui, kitu deui lamun basa Sunda geus kanyahoan rada flu kudu buru buru diteangan obatna, obatna teu jauh jauh, naon anu bisa ku urang dilakukeun saperti ngomong basa Sunda jeung papada balad, ngomong basa Sunda di kulawarga, nulis ku basa Sunda, ngeusian buku harian ku basa Sunda, maca buku basa Sunda, aya alusna kitu teh dituladkeun ka batur...(kuring rek rada sombong ah....da kuring mah geus kitu..., kabeneran kuring teh ketua RT, RT 04, lamun aya gempungan RW, ketua RW teh sok ngomong kieu...kumargi aya ketua RT 04, ayeuna mah nyarios dina rapat teh kedah ku basa Sunda....bilih ketua RT 04 bendu......, enya siga nu heureuy, tapi da enyaan rapat teh sok ku basa Sunda, ari notulen rapat mah masih keneh ku basa Indonesia). Basa Sunda dina naskah kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian (1518 M) geus teu pati kaharti sok sanajan aya keneh kecap-kecap anu kaharti, maca carpon Aing Jago, geus karasa beda jeung basa Sunda ayeuna, kecap reueuy geus meh paeh, reueuy nyaeta godogan papagan akar, daun, kulit tangkal salam keur nyelep heurap/kecrik sangkan kuat, heurap/kecrik jaman baheula dijieunana tina kanteh atawa kulit kai anu dirara, heurap atawa kecrik jaman ayeuna dijieunna tina kenur, jadi teu perlu dicelep dina reueuy, tangtu kecap reueuy bakal paeh/ teu dipake, keun bae, da bakal mucunghul kecap anyar saluyu jeung jamanna. Kiiirii...mang (heup maksudna mah, kawas dina angkot) MSas ----- Original Message ----- From: dede mariana To: [email protected] Sent: Wednesday, November 29, 2006 7:45 PM Subject: Re: [Urang Sunda] bahasa paling serem... ari musnah mah moal jigana basa sunda teh ngan 'robah wanda' da geuning mun ngabandungan majalah mangle we nu taun 1970an tug nu taun 2000an asa tos seueur pisan robihna boh istilah2na boh gaya na... meureun nu disebut 'musnah' teh basa sunda nu wanda na ceuk ukuran hiji waktu/masa nu tangtu, komo nu disebut urang sunda mah katingalna mah tong hariwang da nu dumuk di pilemburan sunda masih aya tur cumarita dina basa sunda... ngan lebah buku2 basa sunda tah kacida pisan kurangna... da meureun nu nulisna ge geus kurang.... sok komo usaha pamarentah mupujuhkeun basa jeung sastra sunda sok sanajan aya perda na tapi da jigana teh hare-hare hirup we sakadang pamarentah daerah teh (oge klebet DPRD na) boh provinsi jawa barat boh pemda2 kab/kota di tatar sunda lianna... asa teu katingal hojahna.... dina ayana ge ngan ukur purwa kadenda mangrupa 'proyek' nu biasana dibancakan keun.. dmar datiparang <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ti kamari pananya kieu kukulintingan jero uteuk.... saprak di milis ieu rame (deui) madungdengkeun basa sunda bakal musnah... naha enya basa sunda bakal leungit sanajan balatak keneh urang (nu ngaku-ngaku) sunda, naha enya urang sunda bakal leungit lamun basa sunda geus euweuh deui nu make? jadi mikir jiga hayam jeung endogna... naha basa atawa urang sunda heula nu bakal musnah? atawa babarengan leungitna kitu? dh On 11/29/06, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: janten urang suda teh masih aya? mun basana geus dianggap hese atawa teu wani makena meureun urang sunda teh ngan tinggal ngaran wae nya? tapi ketang teu ngabibisani da geuning pun alo ge boh nu cicing di tatar sunda sok komo deui nu ka luar ti tatar sunda geus teu bisa deui nyarita dina basa sunda ceuk cenah mah kulawarga urang sunda memang teu jiga kulawarga suku jawa nu lewih geten kana basa jeung tatakramana... jigana ka hareup mah urang sunda bakal kursus basa sunda ka kang miki atawa ka bangsa deungeun lianna nu masih geten tur heman make basa sunda... euleuh....??? sok geura mang jalam atatapi ua sas geura geura muka kursus basa sunda ... dmar

