Mun teu salah pan harita ku kuring geus diteangan sababara
  pihartieun "dudi' teh.
  Ceuk urang India , bahasa urdu na cenah "duddi teh ( ditasjid) hartina ci 
susu.
  Ceuk urang Philipina , ceuk salah sahiji basa lokalna ( tapi lain tagalog) 
mah harti dudi teh nyaeta pinareup istri ( susu keneh mun ceuk urang sunda mah).
  Waktu ditanyakeun ka urang Cina ti nagara Tiongkok asli, manehna ngan bati 
molohok. Asa teu aya cenah kecap dudi dina basa China mah. Tapi mun ditanyakeun 
ka Cina Bandung mah cenah hartina dudi teh singketan tina " duit deui , duit 
deui ". he..he..he 
  Ceuk uran Rumania cenah  dudi teh sabangsa buah ceri hideung.
  Ari nanyakeun ka urang arab mah ( urang Sudan, urang Oman jeung Libia) cenah  
asa euweuh kecap dudi atawa  duddi dina basa arab mah.
  Naha ti urang arab mana tah  nu nyebutkeun hartina bilatung.
  Tah kitu anu ku kuring sempet diroris ka sababaraha bangsa  anu kabeneran 
sapagawean ayeuna. Ke mun manggih bangsa sejen deui urang coba tanya deui.
   
  Wassalam
  Dudi Asgar

datiparang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          tah.. tah ... tah...
geuning harti duddi teh bilatung, tina basa naon kang?
baheula ge kuring pernah ngalungkeun pertanyaan ngeunaan harti ngaran urang. 
dudi. cing sugan akang apal naon hartina, bejaan kuring!

umur kang dudi sabaraha taun kitu, nepi ka bisa nebak ngaran dudi herlianto 
gubrag ka dunya ti heula? heuheu ieu mah sakadar "curious" cek urang bandung 
mah// da sumpah ti tadi ge teu nuduh kang dudi (anjir asa nikukur euy!) nurutan 
ngaran kuring 

dh
  On 11/30/06, Dudi Indrasetiadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            On 
30/11/06, datiparang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hihi... 114 bisa, ku duaan bisa nu pentingna mah kasanggupanna... mun rek make
> 114 urang nya meureun nu dipikabutuh aula jeung qur'an sing loba... lamun 
> duaan
> nya cukup we di kamar heureut ukuran 2x2 jeung kuran sasiki... sina piligenti
>

Ulah, ah, paduduaan kitu mah. Bisi pajarkeun. Mending di tempat nu
terbuka we. Bisa katingali ku sasaha. Lain sombong hayang katangar ku
batur. Bisi jadi pitenah. [sumpah teu ngartos naha jadi kieu?]

> bener kang... ngaran dudi beuki pasaran bae! khususna di ieu komunitas.
> urang duaan, ditambah ku sababaraha dudi, dudy, duddy lianna, ngan euweuh
> spesies tina ordo dudi nu make ngaran duddi.. teuing kunaon!
>
> dh alias dudi h......o

Halah, paingan atuh. Tapi abi mah teu nurutan, enya ge sigana payunan
di dinya. Da ari nami lengkep mah unik pisan. Teu aya nu sami jeung
abi mah.

Sigana 'duddi' mah moal aya. Mun teu lepat hartosna teh 'bilatung'. :-]

-- 
`` ... dan kebenaran terlupakan menjadi kesalahan baru.''
<idud>








-- 
::daluanggebisatinabincurang::   

         

 
---------------------------------
Check out the all-new Yahoo! Mail beta - Fire up a more powerful email and get 
things done faster.

Kirim email ke