Enya tadi peuting kang Kumi nga sms, ngajawab teh ukur babaledogan, susuganan bener. Terus ngilikan kamus Sunda-Inggris Hardjadibrata, ditulis kieu : h..;n.k (noun.kasar), momok (lemes); cunt,female private part, vagina. Jadi Hardjadibrata mah leuwih nujul kana vagina. Dina buku kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg nulis : h....; pudendum muliebre, lantaran teu kaharti naon hartina pudendum nya terus ngilikan deui kamus Latin-Indonesia, kapanggih kieu : pudendus ; (adiectivum, kecap sifat), yang patut dimalukan, kemaluan, ari kecap muliebre; perempuan, kewanitaan. Jadi Jonathan Rigg mah leuwih nujul ka vulva Dina kamus Sunda-Sunda LBSS disebutkeun rarangan awewe (leuwih nujul ka vulva), sarua jeung kamus Sunda-Sunda Satjadibrata. jadi kuring mah leuwih satuju ka vulva, lantaran aya 3 kamus anu nujul kadinya, vagina mah sigana part of h.. Leuwih hade sok kontak ka dr.Sam no hp-na nu tadi peuting, dr Sam teh resep kana Sunda ayeuna Kadinkes di Purwakarta, tadi kuring geus nga-sms ka dr Sam, ngan can aya jawaban.
MSasmita ----- Original Message ----- From: kumincir To: Kusnet ; barayasunda ; Kisunda Sent: Thursday, November 30, 2006 10:46 PM Subject: [Urang Sunda] Fwd: taeun Sateuacanna, simkuring nega agung cukup lumur... nyungkeun jembar pangampura... rehna jauh dijugjug anggang diteang, simkuring dongkap ka dieu teh bade aya nu diseja. Kitu oge pedah bae, cenah di lembur ieu teh jalmina karahot, manggulang-mangguling raga jeung pikiranana, palinter kakoncara ka janapria. Simkuring teh sacara teu langsung diutus ku Perbu Jimbo Wales, Rajana nagara Wikinesia, disina naroskeun saperkawis hal, anu tos sababaraha dinten ieu jadi pipikiran rahayat Wikinesia. Biharina mah, rahayat nagara Wikinesia teh teu weleh suka bungah, hirup sabilulungan silih tulungan, walatra gemah ripah repeh rapih bari jeung raharja. Mung, sababaraha dinten ka pengker, ka nagara teh aya nu sumping, pakulitanana hideung koneng, paselang jeung beureum kayas. Anjeunna jol naros ka Kangjeng Perbu. Ari perkawis patarosanana, saleresna mah estu basajan. Ngan nya kitu tea, bakating ku basajan, jadi ku rahayat nagara Wikinesia teh kapopohokeun, nyaho makena wungkul, uninga raosna doang. Tah, kumargi sakur rahayat Wikinesia parantos taluk, taya nu sanggup mere jawaban anu pasti, nya simkuring diutus pikeun ngalanglang sakur buana, nyiar luang tina daluang, nyusud elmu ti saban guru, teu meunang balik samemeh meunang jawaban anu pasti. Cik atuh, baraya... tulungan... dupi istilah heunceut basa Latin atawa Inggrisna nujul ka mana? Vulva atawa vagina? Serius ieu mah... Awas mun ngajawabna bari seuseurian... -- sikandar kumincir.blogspot.com su.wikipedia.org

