Baraya aya dongéng yeuh*
 
Sakumaha biasana unggal isuk kuring indit ka kantor sok dianteur ku adi nu 
bungsu naék motor, da kusieun téa*bisa mah bisa naék motor téh, ngan kungsi 
"nyuxsrux" ngagaris mobil dines diharepeun imah Pangdam III Siliwangi, jadi wéh 
ginggiapeun nepi kaayeuna nyusahkeun batur.

Mun naék motor téh sok rada rerempodan, komo bari jeung géhgéran, saacan 
méngkol ka kénca atawa ka katuhu téh sok digilekeun make awak kuring*atuh puguh 
adi téh ngambek,"Cicing atuh Ceu! Naha motor téh jadi méngkol sorangan?!"*

Ti mimiti naék, nepi ka turun kuring sok teu weléh babacaan da sieun kitu sieun 
kieu téa. Tadi isuk mah rada ngalamun kamana-mendi, aya anték inget kumaha mun 
kuring tabrakan, tawa katabrak batur?! "Jeggggerrr!!!" motor nu kukuring 
ditumpakkan téh ngadak-ngadak nubruk motor nu hareup!

"Innalillahi!Allahu Akbar!Astagfirullah!" Sagala takbir, tahmid & tahlil 
kalaluar (éh, siga Lebaran wé ieu mah nya*héhéh). Sihoréng motor hareup ngerém 
ngadadak teu bébéja heula! Atuh puguh, adi kuring teu siap jaba lolongkrang 
jeung motor séjén meuni saiprit, bakat ku réa teuing motor. Jaman kiwari téa 
motor téh lir ibarat sireum, ni loba naker*

Ningali motor nu ditubruk teu kunanaon, adi kuring ngajalankeun deui motor, 
bari jero haté kuring hemar-hemir da sieun nu ditubruk ngambek. Nepi ka 
parapatan Jl. Soekarno Hatta pas keur lampu beureum, aya motor 
nyampeurkeun*kuring imut ka manéhna, da sugan téh babaturan adi kuring, tuluy 
muka helmna, pétét panonna, Cina!

Manéhna ngomong maké basa Sunda rada nyeuneu,"Tadi kunaon bisa nubruk motor 
kuring?!"
"Pan didinya ngerém ngadadak!" ceuk adi kuring ngabéla diri.
Teu bisa kukumaha jalema téh, hayoh ningalian ban*rumasa enya meureun tadi 
ngerém ngadadak.

Nepi ka parapatan Jl. Peta, panggih deui di hareupeun pisan, manéhna ngomong 
deui, panasaran meureun, "Kuring teu narima yeuh!"
"Nya atuh, kuring ménta hampura!" 
"Heueuh!Tah, kitu! Lain, masalahna tadi nubrukna tarik pisan euy!!!"

Sajeroning reuwas da maklum lalaki téa mun di jalan téh napsuna sok ngagugudag! 
Sieun garelut! Ripuh kudua kutilu*jaba éra, sieun cilaka duanana, can kuring 
kabeureangan gawe! Hookeun oge, sakitu Cina, tapi ngomongnamah Sunda! 

Tah, kumaha baraya, teu sakali dua kali abdi mendakan bangsa Cina/deungeun 
ngagunakeun basa Sunda sanaos kasar ogé, naha ari urang Sunda siga nu 
"serem/sieun" nyarios Sunda? Nya pantes bade tumpur geee* antosan weee* (ih, 
ieu mah kalahka ngamuga-muga) Baraya, Hayu! Urang Nyarios Nganggo Basa Sunda!

ro2
AswaD


On 11/29/06, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
ah der2 we rek nyarita ku basa sunda mah... biasana mah sieun ku nu teu jelas 
pikasieuneun na, upamana soal undak usuk basa cenah bisi salah ngalarapkeunana 
padahal teu kitu nya der2 we bet jiga urang jawa ge geuning ari panggih jeung 
bangsana mah der we ngomong jawa paduli teuing nu lain sabudeureunana teu 
ngarti ge.... tah biasana mah ari US mah sok loba kasieun tea sieun teu ka aku 
atawa teu ngaragep angen batur alias toleran tidituna mah ngan jadina teu 
'pede' tea ceuk budak ayeuna tea mah 

dmar

Kirim email ke