kuring mah muji ka dulur urang nu ieu , ditoong tina sisi belah dieu, bisa
mawakeun maneh... meureun ieu salah sahiji esep maranehna nu matak di
mana-mana berhasil. pan aya carita cenah urang tionghoa nu brol di jawa
leuwih medok tinimbang urang jawana...
di bogor ge sok manggih nu make basa sunda, urang tionghoa (kolot) nu
daragang di pasar anyar kabeh jigana barisaeun basa sunda...
kamari na angkot, kabeneran bareng jeung amoy, budak sma duaan. maranehna
najan ngobrol dina basa indonesia, lentongna mah sunda... tapi ketang ieu
mah boa dedengean kuring wungkul. enya henteuna mah, teuing!
On 11/30/06, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sajeroning reuwas da maklum lalaki téa mun di jalan téh napsuna sok
ngagugudag! Sieun garelut! Ripuh kudua kutilu…jaba éra, sieun cilaka
duanana, can kuring kabeureangan gawe! Hookeun oge, sakitu Cina, tapi
ngomongnamah Sunda!
Tah, kumaha baraya, teu sakali dua kali abdi mendakan bangsa Cina/deungeun
ngagunakeun basa Sunda sanaos kasar ogé, naha ari urang Sunda siga nu
"serem/sieun" nyarios Sunda? Nya pantes bade tumpur geee… antosan weee… (ih,
ieu mah kalahka ngamuga-muga) Baraya, Hayu! Urang Nyarios Nganggo Basa
Sunda!
--
::daluanggebisatinabincurang::