Tongtolang nangka, kawinan bapa, teu beja-beja ..... Maca seratan Kang Waluya diluhur eta, abdi jadi emut jaman keur budak. Barudak tatangga nyanyi lagu eta basa disampeurkeun teh, atuh abdi ge miluan nyanyi bari kekeprokan. Teu nyaho yen babaturan teh nyindiran, teu curiga ka kolot-kolot anu sing harewos. Sanggeus sawatara lila milu nyanyi bari keprok, ahirna kuring nyaho yen awewe nu anyar pindah ka imah kuring teh singhoreng indung tere.
Lamun geus nyabit soal poligami, forum-forum sok rame. Tapi umumna nu dibahas teh soal suami istri, can manggih nu ngadiskusikeun kumaha dampakna ka budak. Basa bapa nyandung, kuring kakara umur 9 taun. Ti leutik deukeut pisan jeung bapa, pangdiogona nepi ka asa jadi putri raja. Tapi ti saprak aya indung tere, kuring asa teu dipikanyaah deui ku bapa. Ku indung oge sarua, asa teu dipikanyaah deui lantaran terus dipiceun ka leuweung (caritana mah di pasantren-keun, tapi harita keur kuring mah asa dipiceun weh). *ke rek ceurik heula*

