Punten ah. Sim kuring teh saleresna mah asa kumaha nya...sedih. Meni teu
karunyaeun kitu kana hate manusa?
Kieu maksadna teh.
Upami sim kuring teu lepat mah, nabi anu nyontoan poligami teh nabi Ibrahim.
Pami sim kuring teu lepat deui, nabi Muhammad mah ngan gaduh hiji istri dina
hiji waktu. Janten tara babagi (punten pami lepat mah...)
Anu ku sim kuring emut, Siti Aisah teh cemburu ka Siti Khadijah. Padahal Siti
Khadijah mah tos lami pisan pupusna teh. Bakating Rasulullaah teh terharu ku
ayana awewe anu sakituna tiasa diajakan dakwah ti mimiti, basa hirup sangsara
keneh. Tacan aya makmumna.
Pami teu lepat deui, basa saatos perang, aya ibu-ibu anu janten teu gaduh
suami sareng bapak kanggo barudakna. Ku Muhammad teh, ieu dimusyawarohkeun
sareng sahabat. Kahoyongna teh barudak anu nuju tumbuh teh, ulah nepi ka janten
yatim piatu da kedah aya sosok ayah di keluarga. (Eh nyampur2 kieu basa teh,
nya?)
Tah, hasil musyawaroh oge anu netapkeun yen salah saurang ti ibu-ibu eta teh
ditikah ku RAsulullaah. Pangpangna mah Rasulullaa anu kajagi amalanana,
akhlakna, anu tiasa dijadikeun panutan kanggo barudak sahabat anu tos janten
syahid di medan perang.
PAmi teu lepat mah kitu da...
TAh, Al Quran ge nyebatkeun boleh berpoligami. Ngan urang teh meureun perlu
ningali cono, sanes? Tah, Nabi Ibrahim anu tiasa dijadikeun conto.
Kunaon Ibrahim gaduh maru? Pangpangna mah istrina teu wae gaduh janin dinu
rahimna. Padahal yuswa pernikahanana tos sababaraha puluh tahun. Nepi akhirna
istri solehah ieu teh miwarang Ibrahim mikah kadua kalina. Alasanana, agama teh
kedah disebarluaskeun. Moal mungkin ai teu aya katurunan mah. Da namina manusa
mah bakalan ka liang lahat. JAdi saha atuh anu bade merjuangkeun pami teu aya
turunan anu tiasa nyebarkeun ka sagala penjuru?
Awalna mah Ibrahim teh alim. Anjeunna terang, yen hate manusa mah moal tiasa
adil sapertos Allah nu maha adil. Komo deui dina masalah perasaan.
Tos sababaraha kali nolak, akhirna anjeunna oge berpikir realistis
(hehehe...naha jadi kieu bahasana?). Anjeuna bade nikah deui pami istri anu
ditikah teh pilihan istri nu solehah tea. Da anjeunna mercayakeun, istri
solehah mah moal nyilakakeun keluarga, komo agama.
Naon tah balesanana kanggo istri pertama anu solehah? Ku Allah dipasihan
kesempatan janten ibu. Teu lami sareng istri kadua Ibrahim.
Janten mundutkeun sim kuring mah, hati-hati berpoligami. Sanes teu kenging,
tapi beurat pisan syarat2na. KUmaha coba moal nyeri hate pami istri gaduh maru?
Dimana2 istri teh gaduh hate anu rapuh...
Saha pun eta. Aa Gym, Kiwil, PArto, dst...Sim kuring mah teu nyebatkeun
lepat. Mung upami urang ningali kana sajarah mah, eta teu sesuai... Kumaha oge
sejarah teh janten cermin ka masa depan. Teu tiasa urang nganggo batasan diri
kana masalah global. Tingali we sejarah lah upami hoyong anu jelas sajelas2na.
TAh, sejarah anu tara pernah salah mah hiji: AL QURAN...
Permios... (Punten ah, upami aya kalepatan...)
Rima Ria Lestari
L Parish <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tongtolang nangka,
kawinan bapa,
teu beja-beja .....
Maca seratan Kang Waluya diluhur eta, abdi jadi emut jaman keur budak.
Barudak tatangga nyanyi lagu eta basa disampeurkeun teh, atuh abdi ge miluan
nyanyi bari kekeprokan. Teu nyaho yen babaturan teh nyindiran, teu curiga ka
kolot-kolot anu sing harewos. Sanggeus sawatara lila milu nyanyi bari keprok,
ahirna kuring nyaho yen awewe nu anyar pindah ka imah kuring teh singhoreng
indung tere.
Lamun geus nyabit soal poligami, forum-forum sok rame. Tapi umumna nu dibahas
teh soal suami istri, can manggih nu ngadiskusikeun kumaha dampakna ka budak.
Basa bapa nyandung, kuring kakara umur 9 taun. Ti leutik deukeut pisan jeung
bapa, pangdiogona nepi ka asa jadi putri raja. Tapi ti saprak aya indung tere,
kuring asa teu dipikanyaah deui ku bapa. Ku indung oge sarua, asa teu
dipikanyaah deui lantaran terus dipiceun ka leuweung (caritana mah di
pasantren-keun, tapi harita keur kuring mah asa dipiceun weh).
*ke rek ceurik heula*
---------------------------------
Have a burning question? Go to Yahoo! Answers and get answers from real people
who know.