ngahaturkeun nuhun bagja bingah ka ki sepuh, dina palebah dieu simkuring ngan 
saukur ka titipan amanat ti para kolot (kasepuhan sunda) lain kuring rek sumput 
salindung kanu jadi sepuh,hapunteun... sateuacana,perkawis nami anu disebatkeun 
ku sepuh teh kuring teu wantun mukakeunana, lamun kuring wani2 mukakeunana 
berarti kuring geus asup liwat panto tukang padahal kolot aya dihareup. kuring 
embung nepi ka dibenduan ku kolot.
   
  hanpunteun sepuh,
    

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Ke ke,.....ningal nami Kalla S, naha ieu teh aya "hubungan 
kekerabatan" naon
sareng Pa Moechtar Kala (Rakean Minda Kalangan) suwargi.
Ujaring carita Aki Uyut Baju Rambeng dina taun 1907 ngawariskeun lalakon
carita pantun Bogor sababaraha versi ka Ki Wanda Sumareja ( harita nuju
jeneng Mantri Pulisi di Rumpin teras pangsiun tina jabatan Wadana di
Sindangkasih) teras diwariskeun deui ka Raden Moechtar Kala.
Dina taun 1954 Raden Moechtar Kala ngabukukeun carita pantun Bogor anu
judulna Dadap Malang Sisi Cimandiri diterbitkeun ku Mangle waktos di Bogor
keneh (1964).
Wilujeng ngadegkeun pakumpulan Sunda KSATRIA GERBANG PAJAJARAN di Bogor

MSas.
ukur nyaho tina buku

----- Original Message -----
From: "Niskala Senja" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Thursday, November 30, 2006 11:16 PM
Subject: [Urang Sunda] KSATRIA GERBANG PAJAJARAN

> sampurasun...ka para saderek sadaya nu sakumna
> dimilies ieu, simkuring rek mipit amit, ngala menta ka
> sadayana.
> nyungkeun ijin sareung doa pidoana ti para sepuh di
> dieu. simkuring aya niat jeung pamaksudtan numana
> insya Allah dina waktu nu deuket iyeu,kuring rek
> ngagelarkeun perkumpulan sunda dibogor.Anu bakal
> ngadeg nyaeta ngarana KSATRIA GERBANG PAJAJARAN, nu
> samentera ieu puserna aya di darmaga loceng,cindekna
> Margajaya loceng Rt.01/01 bogor barat.
>
> baktosna
> kalla S.
>
>



         

                
---------------------------------
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik terhadap spam. 
 http://id.mail.yahoo.com/

Kirim email ke