Teu sawios, da memang kedah kitu.
Mangga lajengkeun kagiatan teh, sim kuring mah mung ukur tiasa ngajurung laku 
ti kaanggangan, ngajurung doa ti katebihan. Bral sing NANJUNG.

MSas
  ----- Original Message ----- 
  From: Niskala Senja 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, December 02, 2006 3:02 AM
  Subject: Balasan: Re: [Urang Sunda] KSATRIA GERBANG PAJAJARAN


  ngahaturkeun nuhun bagja bingah ka ki sepuh, dina palebah dieu simkuring ngan 
saukur ka titipan amanat ti para kolot (kasepuhan sunda) lain kuring rek sumput 
salindung kanu jadi sepuh,hapunteun... sateuacana,perkawis nami anu disebatkeun 
ku sepuh teh kuring teu wantun mukakeunana, lamun kuring wani2 mukakeunana 
berarti kuring geus asup liwat panto tukang padahal kolot aya dihareup. kuring 
embung nepi ka dibenduan ku kolot.

  hanpunteun sepuh,
   

  MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Ke ke,.....ningal nami Kalla S, naha ieu teh aya "hubungan kekerabatan" naon
    sareng Pa Moechtar Kala (Rakean Minda Kalangan) suwargi.
    Ujaring carita Aki Uyut Baju Rambeng dina taun 1907 ngawariskeun lalakon
    carita pantun Bogor sababaraha versi ka Ki Wanda Sumareja ( harita nuju
    jeneng Mantri Pulisi di Rumpin teras pangsiun tina jabatan Wadana di
    Sindangkasih) teras diwariskeun deui ka Raden Moechtar Kala.
    Dina taun 1954 Raden Moechtar Kala ngabukukeun carita pantun Bogor anu
    judulna Dadap Malang Sisi Cimandiri diterbitkeun ku Mangle waktos di Bogor
    keneh (1964).
    Wilujeng ngadegkeun pakumpulan Sunda KSATRIA GERBANG PAJAJARAN di Bogor

    MSas.
    ukur nyaho tina buku

    ----- Original Message -----
    From: "Niskala Senja" <[EMAIL PROTECTED]>
    To: <[email protected]>
    Sent: Thursday, November 30, 2006 11:16 PM
    Subject: [Urang Sunda] KSATRIA GERBANG PAJAJARAN

    > sampurasun...ka para saderek sadaya nu sakumna
    > dimilies ieu, simkuring rek mipit amit, ngala menta ka
    > sadayana.
    > nyungkeun ijin sareung doa pidoana ti para sepuh di
    > dieu. simkuring aya niat jeung pamaksudtan numana
    > insya Allah dina waktu nu deuket iyeu,kuring rek
    > ngagelarkeun perkumpulan sunda dibogor.Anu bakal
    > ngadeg nyaeta ngarana KSATRIA GERBANG PAJAJARAN, nu
    > samentera ieu puserna aya di darmaga loceng,cindekna
    > Margajaya loceng Rt.01/01 bogor barat.
    >
    > baktosna
    > kalla S.
    >

Kirim email ke