Asep Indra anu ti Darmaraja sanes ieu teh. Punten bilih abdi lepat. Salam, Muhamad Askari
----- Original Message ---- From: Aasep Tea <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Saturday, December 2, 2006 3:55:12 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG "HALIK KU AING" Hatur nuhun Kang :), Abdi ge ti Sumedang ayeuna nuju ngumbara di Bogor... sapagodos pisan kitu upami tiasa mah ulah nepika di eleb eta patempatan teh... kumargi eta teh tempat kaulinan abdi ti leuleutik di sabudeureun makam Eyang Aji Putih sareng Lembu Agung... kapungkur mah sok biasa ngala simeut sipedang atawa ngurek... oge teu hilap ngadamar belut jeung pun aki hehehe. Alesan rek di bendung teh ceunah mah keur makmurkeun sawah-2 na urang Indramayu sareng Cirebon anu kakurangan cai upami pas musim halodo...oge supply listrik ... mung abdi ninggali halodo kamari... asaan mah ampir sakabeh bendungan anu dijieun ternyata kurang optimal kagunaanana kulantaran bendungan na oge kakurangan cai kulantaran supply cai ti hulu walungan na oge kirang kusabab gunung-2 tos mulai dilebur teu dipaliara... jadi asaan mah alesan eta teh teu kaci... tah jadi lamun rek ngabebener nya palire heula meureun masalah lingkungan nana... ulah nepika sagala diruksak. Oge teu hilap eta patempatan anu bade di eleb teh subur pisan... taneuhna jeung sajabana alus pisan... jeung salama ieu euweuh masalah ... istilah na mah makmur... di kampung abdi mah Alhamdulillah dugika ayeuna walo hirup tani tapi teu acan aya anu dugika kalaparan... tah naha anu kondisina geus alus eta teh kalahka rek di eleb... naha bet ngorbankeun anu geus alus keur ngabereskeun masalah anu can tangtu eta solusi-na... Last but not least... patempatan anu di eleb teh oge nilai sajarahna luhung pisan keur urang sunda mah... Eyang Aji Putih teh apanan resi Tembong Agung anu pala putra, incu, jeung sajabana teh... akhirna ngembangkeun karajaan Sumedang Larang tea panerus karajaan Pajajaran anu ancur lebur kulantaran di gempur ku Banten jeung mataram... seueur makam-2 karuhun panginggalan urang sunda anu rek di eleb... padahal mah eta teh paninggalan ti karuhun anu kudu namah ku urang dipiara jeung dikembangkeun elmuna. Apanan aya paribasa bangsa anu cageur mah bangsa anu ngahargaan sajarahna... tah meureun lamun paninggalan karuhun wae rek di eleb eta kaasup bangsa naon?!? Asaan mah ku kajian naon wae kedah na mah upami pamarentah na CAGEUR mah eta proyek Jati Gede teh kudu batal demi kamaslahatan sadayana... Punten ah... nembean posting ujug-2 panjang... salam kenal kasadayana.. . haturnuhun ka Kang Moderator anu parantos ngawidian abdi subscribe ka ieu forum. Salam kasadayana, Asep ----- Original Message ----- From: Jatigede To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Friday, December 01, 2006 10:23 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG "HALIK KU AING" Kuring mah mun bah Willy jadi bupati menta jatigede tong jadi euy...karunya ka karuhun Ciwangi. Pajaratan Nini jeung aki urang kaeleb mun jadi mah ceurik kuring...Moal aya pasir Marongpong jeung Dangdeur, tempat ulin keir leutik. Nananggung pare huma. Mata waas matak nineung!!! Dedens syamridwan <[EMAIL PROTECTED] com.au> wrote: Uing mah keukeuh nek nyalonkeun BAH WILLY euy!ngan aya saratna: 1. sanajan geus jadi bupati bah Willy tetep jadi anggota kusnet, meh kanyahoan, lamun teu posting dikusnet,hartina bupati keur dines luar. 2. sakur urang sumedang anu nyaraba atawa nu geus bumen2 dilembur batur cena baralik ka smd ( kebo mulang pakandangan) kalayan dibere pakasaban atawa proyek ku bupati sesuai kaahlian masing2. 3. urang sumedang ulah boga kereteg hayang muka tambal ban, supir angkot atawa tukang balon keun wae eta mah pasrahkeun ka seler sejen, masalah pakasaban ulah hariwang geus diatur ku bupati jeung rengrenganana. 4. sakur urang sumedang dibere akses internet kalayan haratis sangkan bisa ceting jeung bupati 5. bupati meunang nyandung, heueuh da bupati ge jelema, sarua jeung ustad atawa kiai,mun perlu nyieun perda-na. 6. para kuncens kabuyutan atawa saha wae anu nepi ka kiwari masih ngamumule titinggal karuhun, diangkat jadi pagawe nagri. 7. mun seug proyek jatigede jadi dibangun, bupati kudu nganggarkeun dana pikeun melakan eta waduk, ku rupa2 lauk diantarana;kancra, nila, gurame, bawal, lele dumbo, lalawak jrrd. atuh saban poe saptu jeung minggu sakumna ra' yat sumedang anu kadedemes kana nguseup, babarengan ngaruseup jeung bupati. 8. ngan wayahna, mun seug jatigede geus jadi, uing menta idin ka bupati nek nyieun resto n' bar terapung, anu menu sapopoena bakakak, goreng belut, pais berod, sambel dadakan pleus bajigur ginseng dioplos jeung balagudeg, dahar sawaregna nepikeun ka ngajongkeng. sabada nguseup bupati meunang balakecrakan didinya kalayan haratis, ngan lamun geus rengse wayahna titah neken kontrak anyar. 9. tah kitu euy, lantaran uing geus bosen dilembur batur hayang geura balik kasarakan. mangga we bilih aya nu bade nambihan, mungpung bebas keneh ngalamuna, boa engke mah ngalamun ge mayar. 10.......... ......... ..? syam ridwan ----- Original Message ----- From: Yuliadi To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Thursday, November 30, 2006 3:23 PM Subject: RE: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG "HALIK KU AING" buktikeun!!! ! breng geura ngalengkah. (sayah oge ti sumedang) -----Original Message----- From: ajat sudrajat [mailto:ajat2012@ yahoo.com] Sent: Thursday, November 30, 2006 2:31 PM To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Subject: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG "HALIK KU AING" Tah sapagodos pisan Kang... mal enya lembur urang dipimpin ku kowek he he geus nincak mangsana ayeuna Sumedang dipingpin ku pamingpin anu cageur, bageur tur singer sareng tong hilap kedah urang Sumedang.... ......... . Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business. Website : http://jatigede. bravehost. com/ http://priangan. freewebpage. org/ Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com ____________________________________________________________________________________ Yahoo! Music Unlimited Access over 1 million songs. http://music.yahoo.com/unlimited

