--- In [email protected], "M. Apri" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> btw, kapungkur abdi pernah ditaros ku rerencangan tentang 
> polygami. Nya saur abdi teh,
> polygami mah pan teu haram, janten pami dijalankeun sesuai 
> syariat, nya sanes aib sanes dosa.

Kang Apri, nyandung mah henteu haram, ngan SACARA UMUMNA TEU 
DITARIMA KU MASYARAKAT di urang. Aa Gym oge katingalina mah sadar 
yen nyandung teh sabenerna mah dianggap kalakuan nu kurang lazim, 
sabab buktina anjeunna "nyumputkeun" kalakuan anjeunna ti publik. 
Nembe sanggeus jadi sorotan publik, anjeunna buka-bukaan. Anggapan 
di masyarakat urang, nyandung dianggap ngalajur nafsu alias teu bisa 
nahan nafsu, nganyerikeun awewe jeung sok dianggap teu nyaah ka anak.

Masyarakat di urang oge, kurang nganggap pamajikan kadua, katilu 
jeung kaopat. Ieu wanoja nu daek dicandung, biasana posisina tetep 
disahandapeun istri nu kahiji, malah ekstrimna mah sok dianggap 
awewe tukang ngarebut salaki batur, piduit jeung rada bangor. Kang 
Apri tiasa ningali tina reaksi publik nu ujug-ujug mangkarunyakeun 
ka Teh Ninih, istri kahiji Aa Gym. Teu aya saurang oge nu nunjukkeun 
rasa simpati ka Rini, istri kadua Aa Gym!. Aa Gym mungkin tiasa adil 
ka istri2na, tapi tong ngaharepkeun publik boga sikep  nu sarua. 
Istri nu kadua jst, bakal ngalaman hal-hal nu teu pati ngeunah ti 
publik.

Nyandung oge, sok nyieun mamala, lamun manehna pupus. Budakna sok 
parasea parebut warisan. Lamun nu nyandungna Raja/Sultan beuki 
cilaka. Dina Sajarah geus loba kacaritakeun, loba peperangan akibat 
anak Raja/Sultan nu beda indung parasea parebut tahta karajaan. 
Contona Harun Ar Rasyid nu putrana parasea parebut takhta (Al Makmum 
jeung Al Amin). Al Amin akhirna eleh, terus ditelasan ku dulur 
sabapana!. Atuh di urang oge contona loba, saperti kasus kraton 
Kanoman Cirebon jeung Kraton Paku Buwono di Solo ayeuna nu teu beres-
beres.

Publik teu pati narima kana nyandung, lain hartina satuju kana jinah 
jeung freeseks. Eta alesan nu teu aya dasarna. Kanu jinah atawa free-
seks masyarakat "ngahukum"na langkung tinu nyandung. Dipilemburan nu 
kapanggih jinah malah bisa diarak jeung diteunggeulan. Memang di 
masayarakat kota, reaksina teu siga di lembur, tapi tetep we 
dianggap pagawean teu bener. Nu nyandung oge, teu ngajamin manehna 
teu ngalakukeun jinah. Loba nu geus boga pamajikan leuwih ti hiji, 
masih tetep we resep "nganjang" ka kompleks!

Urang Sunda, khususna urang Sumedang, kungsi boga pamimpin nu 
ngalarang pagawena (kaum priyayi/menak) nyandung. Pamimpin ieu, 
Bupati Sumedang di akhir abad ka 19/ di awal abad ka 20, jenenganana 
Pangeran Suriaatmaja nu katelah Pangeran Makkah kulantaran wafat di 
Mekkah. Pangeran Suriaatmaja, lain bupati biasa, tapi bupati nu 
pinuh ku prestasi jeung gaduh visi kapayun, tepi ka walanda 
ngawangun lingga di tengah alun-alun kota Sumedang, keur pangeling-
ngeling kana jasa anjeunna dina ngamajengkeun masyarakat.


Baktos,
WALUYA
[Ti baheula tetep anti nyandung]


























Kirim email ke