Punten, lain kuring rek melaan Aa Gym atawa Aa-Aa yang lainnyah. Tapi, ari
ceuk kuring pribadi mah, masalah nyandung teh biasa2 azza. Bener, aya
kajadian rumah tangga anu ruksak alatan nyandung, tapi aya oge rumah tangga
anu biasa2 bae sanajan aya dina lingkungan nyandung. Malah, masarakat anu
ngagujrudkeun bisa jadi patut disalahkeun. Sabab, bisa bae, misalna,
kulawarga anu nandangan mah biasa2 bae, bisa narima, ari ieu kalah hayoh bae
diojok2 ku nu sejen. Make jeung disebut "moal bisa tengtrem, pasti nyeri
hate, teu asup logika nu dicandung bisa narima," jsb.

Ku kituna, ceuk kuring ieu mah, geus bae repeh, tong hayoh bae gujrud
ngurusanan rumah tangga batur. Naon sih pangaruh nyandungna Aa Gym kana
kahirupan urang? Nu puguh mah gibah we ngabuih...

Kirim email ke