Men's Health Urban Challenge

Acara eta teh diayakeun ku majalah lalaki Men's Health. Acarana mangrupakeun
acara perlombaan olah raga diantarana: lari, ngarayap, angkat beban, halang
rintang, jeung panjat dinding.

Kuring jadi peserta ti Tim HighCamp. HighCamp teh mailing list anu anggotana
barudak pecinta alam. Aya dua kategori anu di lombakeun. Kategori sorangan
jeung kelompok. Kuring kagabung dina kelompok. sa kelompokna aya 3 urang.

acara lumangsung poe saptu kamari, 2 desember 2006, di pelataran parkir Mal
Artha Gading, Kelapa Gading, Jakarta Utara. Ti jam 10 isuk nepi ka jam
6.30magrib.

Najan teu meunang juara oge, teu kuciwa, da niat na oge lain hayang meunang,
ngan saukur reresepan wae sakalian olah raga. (kaasup cuci mata. Amoyna
harerang euy, matak uruy...he..he..he..)

Peserta lomba rata-rata lalaki najan aya awewena oge, ngan saeutik pisan,
paling ngan sabaraha urang. Peserta anu lalaki oge rupa-rupa dedeganana,
ngan loba pisan anu boga dedegan Binaragawan. Jangkung badag, awakna jadi.
Ade Ray Fans Club siganamah he..he..he..

Ari kuring sabatur-batur, rata-rata budak ngora anu dedeganana sedeng (moal
nyebut begang ah era). Arina kitu teu nanaon, EGP!

memang kabuktian, awak gede teh teu ngajamin, sabab anu mareunang teh,
rata-rata jalma anu pangawakna biasa, lain nu siga Ade Ray. Malahan waktu
dina panjat dinding, jalma anu jangkung badag teh hararese rek naek, beurat
ku awak meureun.

Ngan anu matak kuring  rada helok teh nyaeta, aya peserta awewe anu oge Ade
Ray Fans Club.  Beungeut awewe, amoy malahan mah, tapi lamun ningali
awakna,  buseet, siga kuli panggul. manehna jadi peserta wanita terbaik,
meunang hadiah alat fitness.

Basa budak awewe eta naek kana panggung pikeun narima hadiah, babaturan
kuring nyeletuk "Lu sama cewek kayak gitu nafsu gak?"

Kuring nu ngadenge jadi mesem, ABCD (Aduh Bo, Cape Deeehhh......) kuriak
diSmackDown euy......

Kirim email ke