punten ah mairan sakedik
panginten anu dimaksad kasep ku teh ely teh sanes abah Willy tapi kang waluya, 
margi anu ngeomentaran cukup peres babaran teh ely teh kang waluya.

punten sakali deui ka kang waluya sanes bade mamatahan endog ka hayam atawa 
mamatahan ngojai ka meri teu pisan-pisan.
manawi pamendak abdi sasama muslim boga kawajiban kudu silih nasehatan ka 
sasama muslim deui. kang waluya oge, abdi yakin kang waluya oge muslim margi 
ngadalilan pamendakna ku ayat al-Qur'an.
namung sing atos-atos upami urang teu satuju kana hiji ayat atawa hiji hukum 
poma ulah make perasaan da islam mah sanes agama perasaan. 
komo kang waluya ieu mah ceuk kuring ayat ieu teh hartina kieu....agama islam 
mah lain agama kuring komo agama ceuk kuring
lamun urang nafsiran ayat cek kuring atau teu satuju kana hiji hukum ceuk 
kuring berarti agama kang waluya teh sanes agama islam tapi agama "kuring"
masalah budak belian atanapi nu sanesna tos dijawab ku teh ely
tapi upami pamendakna kang waluya kitu, berarti kang waluya nyalahkeun kangjeng 
Rasul anu istrina langkung ti hiji. kang waluya oge nyalahkeun ka Abu Bakar RA 
anu istrina langkung ti hiji, Umar bin Khottob, Ustman bin Affan, Ali bin Abi 
Thalib sarng sahabat-sahabat anu sanesna anu umumna gaduhan garwa langkung ti 
hiji. 
kedah dibedakan antara teu satuju sareng teu sanggup.
upama kang waluya teu sanggup ngawayuh poma ulah nyebatkeun teu satuju, sabab 
pengingkaran terhadap apa yang telah dihalalkan oleh agama merupakan bentuk 
penolakan terhadap ayat Allah. bisa-bisa pelakuna janten murtad alias kafir.
abdi oge rumasa can kabedag ari kudu nyandung mah jaba ti indung budak can 
ridoeun badi oge can boga modal jeung can perlu dei hiji oge teu pati kagawean. 
da hese waktuna indit isuk balik peuting. di gawe teh 8 hari dina saminggu. 
eueweuh perena.
tapi kuring mah teu anti polygami da dimenangkaeun dina agama alias dihalalkeun.
lamun urang embung poly gami poma ulah ngatak ngatik ayat al-Qur'an anu 
jelas-jelas ngamenangkeun.
cobi emutan, Fangkihu maa thaba lakum minannisaa masna wa tsualasa wa ruba'a. 
fangkihu ceuk para ahli bahasa eta teh filil amer anu hartina parentah. maenya 
hiji parentah artina ngalarang.
cobi emutan deui naha eta ayat teh ujug-ujug "kawin ku maraneh awewe-awewe anu 
dipikasuka dua tilu atawa opat. teu hiji heula. ceuk para hali tafsir jeung 
bahasa. hartina asal muasal nikah teh kudu dua, tilu atawa opat. menang soteh 
nikah ngan ka hiji istri lamun teu sanggup adil ciga kuring. jadi dibere 
karinganan ku Allah.
mangga ah ceuk kuring kitu oge hehehe







----- Original Message ----- 
  From: waluya56 
  To: [email protected] 
  Sent: Sunday, December 03, 2006 9:56 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Horseeehhhh....!!! Aa Gym Ngawayuh yeuh...


  . 
   

Kirim email ke