Waalaikasalam, Kang Eddy.
Alhamdulillah, sim kuring danget ieu mah sehat. Mugia Kang Eddy oge
salawasna sehat, sarta tambih getol ngintun artikel ka milis.

Hehehe, ah teu sing lepat panampian rarosan mah. Terus terang we ieu mah,
sim kuring kaasup kana 'mazhab' nu mikaresep seratan-seratan Kang Eddy. Nu
matak nalika nitenan aya modus japri-japrian, terus ngagorowok. "Teu
kaci!" ceuk kuring teh.

Mangga Kang Eddy, diantos dongeng kampung sanesna. Aya dongeng perkara
wayang teu nya. Cing lah geura ngadarongeng deui geura.

salam,
mh

--- ednugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Mang H,… damang? …Assalamualaika…
> 
> Sanes hoyong ngawilah-wilah tapi da kitu jantena. 
> 
> Nu dikintunkeun ka japri pribadi teh diantawisna ngeunaan cara 
> (metoda/teknik): ari cara mah didugikeun ka umum tiasa janten `rame 
> teu puguh' margi masing-masing gaduh carana nyalira sareng can 
> tangtos sami. Sedengkeun, bawiraos mah nu kedah dipentingkeun mah 
> jantena….kayaning janten muslim atanapi nyunda…ngeunaan cara mah nya 
> satiasa-satiasana atanapi sakaresepna bae…hoyong mangga diwartosan 
> henteu nya teu sawios-wios sing mendakan nu langkung copna….nu 
> penting sami-sami jaranten. 
> 
> Kaduana, Kaetang seueur nu nengetan `Kisunda/urang sunda' tapi teu 
> kersa lalebet langsung. Komo nyusul tepus ngeunaan dongeng kampung 
> kawas nu ti sim abdi langsung di millist. Duka naon nu jaranten 
> emutanana. Ari sim abdi mah hoyongna di ka pribadi keun mangga henteu 
> mangga, …..asal peryogieun sareng tiasa abdi ngajelaskeun mah mangga 
> teh teuing.
> 
> Mugi ulah lepat panampian
> 
> Baktosna
> Eddy Nugraha
> 
> ------
> 
> 
> Kang Eddy, 
> Ari rek barang kirim mah atuh tong diwilah-wilah sagala. Der, der, we
> atuh. Geura pek kirimkeun ka balarea. Moal burung ditandean. Ngirim ka
> saurang, ka dua urang, da sarua wae ongkosna mah jeung ngirim ka 
> sakabeh
> warga lin? Hehehe.
> 
> salam,
> mh
> 
> 
> --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> --- Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Dongeng sim abdi ngeunaan tapa moal waka dilajengkeun
> > heula dikintun ka millist, sapertos biasa wae,
> > sementawis urang kintun ka email pribadi kanu
> > peryogieun, hatur nuhun oge ka akang..teteh… bapa..…
> > nu nyusul tepus ngalangkungan japri pribados.


___ _           _ _     ___ ____ ___/ __| |_ _  _ __| (_)___| __|__  / _ \\__ \ 
 _| || / _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/  /_/


 
____________________________________________________________________________________
Need a quick answer? Get one in minutes from people who know.
Ask your question on www.Answers.yahoo.com

Kirim email ke