dulur,
sikuring sakali deui nyuhunkeun hapunten ku alatan postingan kuring nu
judulna heun*** dst teu lebet ka manah sadaya dulur . teu aya maksad
saleresna mah ngabarubahkeun, ieu mah aya nu jol na hate teu dipikiran deui
jebred we ditulis. nyuhunkeun dimaphum we, bener cek mj keur sumkuring teh
neangan jatidiri, tapi lain nu leungit. nu can kapanggih. teuing iraha rek
kapannggihna. ngan meureun kudu ngajelaskeun heula diuk pasualanna (heuheu
duduk persoalanna). naon sababna sikuring nulis kitu. ari alesanna mah teu
pira, asa teu narima lamun kecap nu dijadikeun subjek dianggap leuwih handap
ajenna tinimbang basa nu ti luar!

halah hese euy ngajelaskeunna, bisi beuki loba salah, sakitu we nya, punten
lamun beuki teu paruguh, heuheu kuring memang teu ahli komunikasi. sakali
deui hampunten.

dudi herlianto
--
::daluanggebisatinabincurang::

Kirim email ke