Lereus pisan Kang Ed eta dongeng teh sapagodos sareng pamendak sim kuring yen geningan keruhun urang sok marake gelar teh tina ngaran sasatoan sapertos Gagak Lumayung, Munding Kawati, Wereng Ginggi, Lutung Kasarung, Jrrd. Boa-boa Nopo Leon oge aya terah Sunda meuereun nya. Cobi titenan geura "Napo Leon (Lion)" , enya kitu ?
--- In [email protected], Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Munjung ka sato > > Panganteur II > > Ku deukeutna kahirupan urang sunda baheula jeung > kahirupan sabudeureuna kayaning jeung sato margasatwa > nepikeun ka : > > (1) loba ajaran tur sesebutan ngeunaan hiji hal/ngaran > nu di tepikeun loba nu make lambang sato supaya bisa > gampang kahartieun kunu narima, misalna bae: > > Dina kadugalan: > sima maung, sima welang, Gerakan Pamonyet, pamacan, > belut putih, jrrd. > > Dina cara neangan/ngumpulkeun rajakaya: > Kawas bagong, kawas ula (oray), kawas monyet jrrd > > Dina kalakuan: kawas jogjog mondok, kawas bueukmeunang > mabuk, Leumpang lir maung teunangan, Ngahudangkeun > macan turu, (jawara nu siap nyanghareupan) maung > ngamuk gajah meta.. jrrd > > Dina sopan santun jeung tarapti diri; > Kudu Tata (tatanan), titi (titinggi), duduga (uncal > jalu), prayoga (hap-hap) > > Dina gelar: > Sweta Liman Sakti, Tajimalela, Badak pamalang, Kidang > pananjung, Gagak lumayung, Singaperbangsa, > > === > (Catetan: 3 taunan kapengker waktos terakhir ngiring > ngariung di `Sundanet' di suka senang (mun teu lepat > harita teh aya Kang Oman, Kang Beny, Mang J, Kang > Maman Gantra serang Abah Surya, assalamualaikum ka > sadayana) kantos aya istilah nu didugikeun `lauk > gurame' nyindiran birokrat nu lambat nampi aspirasi > masyarakat (khususna ide ti kisunda harita) ku > sesebatan lauk gurame (ngageboy teu rikat) > ==== > > > (2) Aya oge nu sabab nyilibkeun hiji kajadian `satire' > penting nu kaalaman ku luluhur supaya bisa kaharti ku > jalma-jalma budiman wungkul, ari ka jalma-jalma `bodo' > mah `dipiharep' bakal dianggap sakadar dongeng ubar > tunduh jadi moal aya nu ngarasa `dinyerikeun tur di > uar-uar', urang caritakeun salah sahiji conto nu kadua > dina carita sangkuriang: > > Sangkuriang: hiji jalma nu bapana Anjing indungna > Bagong. > > Jalma umum mah geus teu bireuk deui kana Sangkuriang > nu jadi carita. Malah pernah rame nyebutkeun yen > urang sunda cenah turunan anjing jeung bagong. > > Ari maksud nu saenyana mah, nu kapanggih, kieu: > > Baheula aya raja sunda nu hiji waktu `safari' ka > kampung-kampung. Hiji waktos anjeuna kaleresan > mendakan wanoja donto matak pantes dikias keun bagong > (bagong oge sato leuweung nu dagingna ngeunah pisan > kalandepan jaman harita ayeuna ge loba keneh nu > moro bagong keur jadi daharan mahal pikeun nu beuki > umumna urang tionghoa). Nya dasar raja sagala kenging. > Teras weh `kiih'na di inum `bagong' (saresmi). Gaduh > putra istri geulis kasebat Dayang Sumbi. > > Sanaos ahirna dicandak ka karaton diangkat janten > putra, ieu putri teh ngaraos prihatin margi sanes > putra ti menak - putra selir ti kalangan cacah- > dugikeun ka dilingkungan karaton ge `kaasingkeun' > seueur `kapoyok'. Ku papada putra sa Bapa ti > istri-istri raja sareng kalangan karaton sok > dibentenkeun, da umumna mah sanaos ti selir tapi > paling henteu istri raja mah kedah ti putri raja > daerah atanapi raja bawahan/patalukan. > > Nya sadidinten gaduh `realm' (pagawean umumna jaman > harita keur awewe ninun) nyalira tara seueur ngumpul > jeung kalangan karaton. Dibaturan ku para pangawal > sareng emban wungkul. Diantara pangawal teh aya nu > satia (silibna anjing sato nu satia kadunungana). Nya > diantawis eta dua jalmi papada `akrab' tur lunsur > asih, sanaos teu tiasa nembrak sabab benten pangkat. > Dugikeun ka dina hiji waktos gaduh kasesah nu nulungan > teh teu aya deui iwal ti eta pangawal. > > Ahirna saparantos ngaraos linggih di karaton ge > di'bentenkeun' ku papada, nu karaos asih haat nulung > sadidinten mung eta pangawalna nya terasnamah > mutuskeun anjeun nikah sareng pangawal ngantunkeun > karaton. > > Sok sanaos kaputusan anjeuna `mahiwal' nikah sareng > pangawal, bari asalna oge putra raja mahiwal margi ti > `cacah', ku raja tetep dina ngantunkeun karaton teh > dititipkeun di hiji mandala (patapaan) da gaduh > pangkat putri raja .di eta mandala mah Dayang Sumbi > kenging panghormat somah nu nyugemakeun .terasna mah > hiji waktos putrana ge kakoncara gaduh gelar Sang > Guriang lain sangkuriang (Guriang hartosna patapa > lalaki, lamun awewe ngarana Indang = kongas istrina > Wong Agung Cirebon Pangeran Cakrabuana ti gunung > marapi jenengan nu kawarti Nyi Indang geulis = patapa > istri nu geulis) nu matih mampuh nepi ka ngawasa > karaton > > .. jeung satuluyna (dina bab ulikan mepeg Sanghyang > Tikoro). > > Catetan didieumah nyatana, anjing silib jalma satia, > bagong silib jalma cacah kampung tapi dipikabogoh > menak da ngeunah. > > Urang balik deui ka no 1. nu jadi poko dina ieu > carita: > > Dina ulikan sunda nu penting kumaha carana supaya JADI > jalma satia, supaya JADI jalma alus sanajan lingkungan > goreng. Kumaha JADI bisa nyakar kawas macan bari > leungeun angger kawas ramo jelema. Kumaha beungeut > angger beungeut jelema tapi JADI boga `aura' kawas > sorot na macan (lamun peru) jrrd. Aya oge nu > nepikeun ka kumaha supaya awak-awakan bisa robah JADI > macan. Kumaha supaya bisa JADI mampuh neangan rijki > nu jadi parijkian. Kumaha supaya JADI kawas tata kawas > titi kawas duduga siga peryoga. Lain kaasup jeung > ulah nepi ka kawas jalma nu nyaritakeun ajaran bari > teu bisa migawena. > > Dina neuleuman supaya bisa kawas diluhur `apresiasi' > diperlukeun. Apresiasi kana hiji hal bisa dipigawe > lamun aya sikep munjung (ngahargaan) museurkeun ku > puja (muja) .. supaya bijil sari..katelah puja sari . > Kumaha carana? Jeung naha kadieunakeun jadi aya elmu > ambatan? malah nyampur jeung urusan nyembah dedemit? > > urang teraskeun deui upami pareng > > > baktosna > Eddy NUgraha > > > > > ______________________________________________________________________ ______________ > Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. > Ask your question on www.Answers.yahoo.com >

