Haturan kang Bas aka Kang Asep,
mangga sing betah di Lembur Bakus, teu sawios wios kang sanaos sanes Sunda
Pituin oge nu penting mah "SUNDA" kitu..sapertos kang Bowie, sim kuring
nyalira oge da 25% jawa. enya pun biang teh turunan Solo.

sakantenan nepangkeun sim kuring wasta mah Cecep Wahyu, kawit ti Cicadas (
Gg. Sekepanjang ) pengkereun SD Gadis. saleresnamah kalebet Cikutra keneh
tapi duka beut katelahna Cicadas?

mangga kang sing betah, geura guar sagala pangalaman..

*Ule


On 12/4/06, Muhammad Basuki <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Sampurasun...
nepangkeun pribados anggota enggal, nami Muhammad Basuki, sanes Sunda
pituin da pun bapa mah ti Jogja pun biang ti Garut, wios nya...
Padumukan di Cikutra Bandung.
Kumargi ditakdirkeun borojol di tanah Sunda, nya... kedah Nyunda
panginten. Hapunteun bilih dina babasaan seueur lu lepat.
baktos,
Muhammad Basuki alias Asep27
.



Kirim email ke