Wilujeng sonten baraya, Tikamari meuni rame nyarioskeun nu nyandung/ngawayuh/volleygame kanggo pameget mah panginten asa dijalanan nyaaa? heheh abdi mah meuni geregeteun hoyong mairan dalah dikumaha nuju pakepux
Dinten Kemis sonten nampi email, asa dibentar gelap tengah poe ereng- erengan waktos ngadangu Aa nyandung/ngawayuh Dinten Juma'ah, masih keneh teu percanten, kalahka paadu renyom sareng rerencangan mangkengingkeun & ngalepatkeun Aa Dinten Sabtu & Minggu hantem ti enjing dugi ka sonten ngajabat "Korem" alias Komandan Remote, dipapay unggal saluran TiPi milarian wartos Aa. Saur pun biang teh,"Etah, teu bosen2 ti isuk nepi ka sore jedur ngan nenjoan berita Aa Gyyyyymmmm weh... Geus puguh nyandung!" Dinten Senen dugi ka danget ayeuna di kantor hog hag rame pisan nyarioskeun Aa Gym duka kumaha tah cepilna euceuy sigana teh digarosipkeun sa Indonesia heheh. Aya rerencangan nu nyarios,"Abdi mah alim dipangnyandungkeun, tapi ari janten nu ngora mah hayuuuu weee " (Har?) Duh, ni asa digerihan hate... Aa nu sakitu sampurnana dina emutan abdimah, panutan balarea kalahka derrr nyieun "ceda". Nya ari saur nu ngartos mah ngarojong, sieunna teh keuna kanu teu ngartos saurnamah,"Naha ari Aa Gym meunang nyandung, ari urang henteu?" Sok geura derrr atuh nyarandung heheh Ketang diemut deui, Aa ge manusa, sareng kapi naon abdi ka anjeuna? heheh Abdi mah teu bisa kumaha, Aa ge gaduh kahoyong tapi teu kiat eta ningali Teh Ninih nu sakitu sobarna (ni lekoh nyarios sabar ge ) Sok ngahuleng pami emut yen jalmi teh diciptakeun "berpasangan", hartosna pameget hiji dipasangkeun sareng hiji istri atuh ari nu ngawayuh/nyandung kumaha? Sanes berpasangan atuh tapi mitilu, miopat, milima srrd. Janten saleresna "soulmate" teh nu mana tea? Nu pangsepuhna, nu ngora atanapi nu gaduh kasamian siga urang? (sapertos na dongeng Kang Maman) Cik para wargi, manawi aya nu terang hartosna "berpasangan", babagi elmu kanu bodo yeuh haturnuhun, ro2 bongan nganggo email kantor dugina enjing, janten nganggo yahoo. --- In [email protected], "totong usman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wilujeung bulan madu ka AA GYM..........sareng memperjuangkan keadilan > he he he > > Sumuhun upami bade nyandung mah mangga asal > adil..................................................... >

