Mj,

Lamun teu aya wae urang Bungbulang-Asgar anu mairan ieu postingan ti Mj,
kabeneran poe Juma'ah anu arek datang (aad) si kuring  aya rencana ka Garut.
Aya acara kantor anu dilaksanakeun di Grt. Tah, lamun aya kontak person anu
ti Bungbulang di Garut, hayu eta buku-buku keur pabukon Bungbulang  teh
urang sakalian dibawa ku kuring ka Garut poe Juma'ah. Engka saanjogna ka
Garut si kuring ngahubungan eta kontak person. Kumaha kiran-kirana tiasa
kitu? Upama okeh, poe Kemis aad si kuring call Mj.

Nuhun.
baktosna,
manAR

On 12/5/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


ka baraya Asgar, utamana van Bungbulang, boh di Jkt-Bogor-Bdg, utamana
deui kanu gaduh rencana bade mulang ka Bungbulang, ciik nyimpang ka
Rajamantri kaler 23 buah batu. aya buku tilu kardus aqua kanggo pabukon di
bumina Kang guru Dadung Sutarman,
Kampung Babakan
Desa Bojong
Bungbulang GARUT

no.hpna aya di si kuring.

----------
upami teu aya, nya urang ngangge rencana B. dikintun liwat POsindo.

mj

http://geocities.com/mangjamal

Kirim email ke