hanjakal kamari can manggihan nu kieu
coba mun geus manggihan mah
moal ngoboy teuing sigana


  ----- Original Message ----- 
  From: datiparang 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, December 05, 2006 3:44 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Acara Lamaran


  ngeunaan ngalamar mah teu nyaho... ngan bieu basa nyobaan nyusud di mg (mang 
gugel) manggih conto naskah biantara keur lamaran...

  ------------------------------------
  Naskah Biantara

  Anu Ngarengga:
  Ganjar Kurnia 


  NGALAMAR
  Wawakil ti pihak pameget :

  Assalamu'alaikum Wr.Wb.
  Langkung ti payun puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Allah Swt.; 
kalawan karidoanaNa urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok. 
  Shalawat sinareng salam, mugia katampi ku Rasulullah Muhammad SAW.anu 
parantos ngaping ngajaring ka urang sadaya ku ajaran Islam. 
  Salajengna pribados kalawan asmana Bapa ........... seja ngahaturkeun rewu 
nuhun laksa keti kabingahan ku panampian ti keluarga Bapa ............ 
  Dipapag raray marahmay, dongkap langsung dilinggihkeun, tos kitu teras 
ditakon. 
  Ari anu janten pamaksadan teh, kahiji hoyong nyanggakeun tatali silaturahmi 
ti kulawarga bapa ...... ka kulawarga bapa .............................. Mugia 
ku silaturahmi ieu, tiasa manjangkeun duduluran, manjangkeun umur oge 
manjangkeun kasinugrahan. 
  Anu kadua, sok sanaos dibuni-buni da ebreh, teu benten ti meungpeukan 
beungeut ku saweuy, meungpeun carang ku ayakan -- ku kituna seja dikembang 
boledkeun -- dibejer beaskeun. 
  Pangna jauh dijugjug anggang diteang, hujan gede papayungan, leueur-leueur 
kundang iteuk, gorek-gorek tuweuw ge ludeung; teu aya sanes : seja jajap pun 
............ putrana Bapa/Ibu ......................, anu saur ki dalang mah 
keur sedih kingkin. Mun peuting teu weleh nyaring; ti beurang ngan sumoreang. 
Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo. Ari anu diimpleng iwal ti malati asri 
nu ligar di pakarangan Bapak/Ibu ............................ 
  Ku kituna manawa sugan manawi, seja kumawantun bade tumaros :"naha eta 
kembang malati teh masih keneh lening di gigirna? Teu acan aya anu iuh-iuh 
mayungan? Hartosna naha atos aya anu nyirian atanapi teu acan? atos aya anu 
kagungan, atanapi teu acan? Saupami teu acan aya anu mundut tipayun, atanapi 
malang mulintang keneh; manawi kersa jisim jinisna; satuju ibu ramana; seja 
disuhunkeun widina kanggo dicirian ku pun .................... anu Insya Allah 
mun dugi kana waktosna seja dijadikeun prameswari batur hirupna. 
  Sakitu nu kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahe carek 
neda agung cukup lumur neda jembar singhaksami.

  Waleran ti pihak Isteri :

  Saba'da ngadangu waleran ti pihak isteri,pihak pameget ngadugikeun :
  Gunung galunggung teh ageung, nanging ageung keneh kabingah ti kulawarga 
.......... (pameget) saba'da ngadangu karidoan galih ti kulawarga 
.........................(pihak isteri), ngawidian ingkang putra nu dicirian ku 
pun .............. (nami budak pameget) kangge diajak ngahiji tali rarabi. Atuh 
jisim – jinisna, manahoreng "batu turun keusik naek". Sakali deui nyanggakeun 
sewu nuhun laksa keti kabingahan. Kantun ayeuna mah neda sarantos, kangge 
riungan, badanten nangtoskeun mangsana ka bale nyungcung. 
  Salajengna tawis nyaah ka ingkang putra ti kualawarga .......... (pihak 
pameget); aya cacandakan sakedik, ukur sabrang salayang – dongkap kacabe mah 
henteu, nyanggakeun hatur lumayan – da ari sae mah henteu.
  Atuh tandaning tatali asih, mugia katampi lelepen – maksadna hoyong silih 
alian – tawis pasti bakal ngahiji. 

  Sakitu nu kapihatur.
  Wassalamu'alaikum Wr.Wb.

  Ganjar Kurnia
  ----------------------------
  ::daluanggebisatinabincurang:: 

   

Kirim email ke