Kungsi macaan dongengna kang geni ngenaan nanyaan di :
http://genibara.multiply.com/journal/item/27
sae kanggo referensi kanu bade gaduh acara lamaran mah.

Prinsip ngalamar saur paripaos sunda mah, pami teu lepat :
DITAMPI SILA DITOLAK BALIK (pami lepat punten lereskeun).
Janten ulah sieun2 dugi ka kesangan, ditampi wae alhamdulillah teras
ngariung sarila. Upami di tolak ulah dendam, teras wae aruih, ngan
kade cacandakan bawa deui, bongan wae ditolak :-)

mj asa teu acan pernah ngaguar perkawis kantos ngalamar teras bolay.
Upami kersa diguar resep sigana, tos lami teu maca postingan ti mj nu
seger-seger. Ayeuna mah topik di babakan teh bareurat, nguras energi. 
Cik sugan aya deui nu matak keom.

Baktos Ki Adi
Raksa Wiyangga
Cihaurbeuti '93


--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> 
> sumber: pangalaman
> nyandak rombongan kulawarga atawa baraya + juru bicara kulawarga (harita
> si kuring menta kokolot kulawarga nu jadi menak desa/pajabat desa. haha
> 
> ku sabab baraya di lembur geus kapok, baheula ge kungsi lamaran tapi
> ngadon bedo, nya teu eleh geleng, ngumaha we ka urang kusnet: Ua
Sasmita,
> ua istri, si aki, bah Willy, kang Maman Gantra-kaleresan nuju di
bdg, bah
> Toto. bring ngalanteurkeun...hehe. nuhun pisan.
> 
> miang ka bumi calon mitoha. nya minangka oleh2 mah nyandak sarupaning
> bubuahan.
> 
> sok ah sing lancar..
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> 
> 
> > Assalammu'alaikum...
> >   punten yeuh ka sadayana, abdi bade nyuhungkeun tulung perkawis
> > syarat-syarat acara lamaran.
> >   upami dina acara lamaran eta teh naon wae anu kudu disiapkeun?.
> >
> >
> >   hatur nuhun ah.
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.
>


Kirim email ke