---------- Forwarded message ---------- From: Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> Date: Mar 9, 2006 5:05 PM Subject: [Urang Sunda] lajengna titinggi To: [email protected], kisunda <[email protected]>
Terasna tina Tata, Titi (anu parantos dipedar), nyaeta duduga sareng peryoga. Ari anu disebat duduga teh nyaeta "Hap -hap". Cirina hap-hap lamun naek kana tatangkalan, teu tolih badag alitna(kalebet tangkal caringin), sok dieundeuk-eundeuk heula. Hartosna, hap-hap mah ati-ati pisan; margi ceuk pertimbanganana, lamun eta tangkal runtuh, pasti dirina tipayun anu katinggang. Tah urang oge salaku manusa kedah mibanda cara hirup siga hap-hap. Samemeh nangtoskeun hiji kaputusan, kedah asak-asak mikir. Ari peryoga nyaeta munding. Salah sawios ciri munding, ditungtun ku "budak angon" oge henteu weleh nurut. Palebah dieu palasipah memang rada "sumir"; tapi intina, lamun ka urang aya anu mawa atanapi ngajak kana bebeneran, teu kedah pandang bulu. Asal leres bebeneran, dalah ti budak angon atanapi ti saha wae tiasa diturut (teu kedah ti ustad wae). Engke urang pedar, ciri sasatoan sanesna. --------------------------------- Nouveau : téléphonez moins cher avec Yahoo! Messenger ! Découvez les tarifs exceptionnels pour appeler la France et l'international.Téléchargez la version beta. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links

