Di daur ulang tina postingan ti heula, ti Kang Ganjar. Ieu jejer
nyaritakeun kumaha Urang Sunda baheula (sigana nepi ka ayeuna masih
keneh) ngalap elmu tina laku lampah sasatoan. Hal ieu munasabah wae,
sakumaha dina naskah kuno "Sanghiyang Siksa Kandang Karesian" oge geus
aya contona:

"tadaga carita hangsa
gajendra carita baném
matsyaném carita sagarém
puspaném carita bangbarém"

hartina, kl:
"talaga dicaritakeun ku soang (bisa oge dibaca: lamu hayang nyaho
talaga, tanya soang)
gajah nyaritakeun leuweung
lauk ngadongengkeun laut
kembang dicaritakeun ku bangbara"

Disawang tina kaayeunaan? Ceuk cenah. loba pakakas (teknologi) anu
ideu nyiptakeunana  diilhaman ku paripolah/kaayaan sasatoan. Ngan poma
ulah nyoba-nyoba salah sahiji paripolah sasatoan anu ieu: poligami,
hehehe. Sabab? sederhana wae: apan urang lain sato (minimal henteu
sagemblengna sato upama aya hiji-dua hal anu nyaruaan sato).

baktos,
manAR


---------- Forwarded message ----------
From: Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Mar 7, 2006 7:15 PM
Subject: [Urang Sunda] Titinggi ceuk palasipah (pilisofi) sunda
To: [email protected], kisunda <[email protected]>


Dina basa Sunda urang ununga aya kecap atanapi istilah "Tata Titi
Duduga Peryoga". Para sepuh sok nyebatkeun yen urang teh kedah terang
di "Tata Titi ......... ". Cenah ceuk cenah, eta kecap mibandi ajen
palasipah anu luhur. "Tata" asal kecap tina "tataman" anu hartosna teh
sireum. Sapertos anu kauninga, ari salah sawios kabiasaan sireum anu
sae teh nyaeta manjangkeun silaturahmi. Unggal sireum patepang jeung
sireum deui, sok teu weleh sasalaman (naon anu diucapkeunana dina eta
sasalaman, pribados gaduh versi heureuyna ........). Tah manusa oge
diantawisna kedah mibanda sikep siga sireum (langkung sae deui upami
ngaos karya Harun Yahya). Ari, Titi dongkapna tina kecap titinggi.
Cirina titinggi, sok sanaos sukuna aralit tapi kumargi kompkak, awak
anu badag teh tiasa kaanggkat. Palebah dieu, titinggi teh mere conto
kana sikep kagotong royongan. Duduga sareng peryoga urang bahas dina
kasempetan sanes.




---------------------------------
 Nouveau : téléphonez moins cher avec Yahoo! Messenger ! Découvez les
tarifs exceptionnels pour appeler la France et
l'international.Téléchargez la version beta.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

Kirim email ke