Alus, euy tulisan teh. Memang mun ditilikan urang teh kudu nyiar pangaweruh ti 
ilmuan-ilmuan lian. Sabab Rasulullah SAW oge nitah nyiar elmu nepi ka maot.
  Asa ku keueung mun Islam teu dibarengan elmu-elmu kaduniaan. Soalna kamajuan 
material Dunia Islam teh meunang ti batur.
  Misalna ayeuna nu keur rame-ramena: NUKLIR... Pan dina Qur'an mah ngan ukur 
disebutkeun "... maraneh bakal narima ganjaran (boh hade boh goreng) sanajan 
sagede siki zaroh..." Menureunan nu dimaksud "siki zaroh" teh sakadang atom. 
Jadi wae, ngaliwatan filsafat material pucunghul: Elmu Kimia nu kabeh dituna 
Elmu Nuklir. Eta mah ngan ukur salah sahiji elmu material. Acan elmu sosial, 
politik, jeung budaya misalna. 
  Ngan aya nu jadi kainggis atawa kapaur ulama lamun urang Islam neuleuman 
teuing filsfat Yunani nu cenderung materialistik. Nyaeta Agama ditempo lain 
mangrupa produk wahyu Alloh SWT. Tapi mangrupakeun produk budaya. Jadi 
sakapeung (meureunan ayeuna mah geus mahabu) nempo hukum lain ku panempo wahyu 
tapi make alat sejarah. Hasilna....!!?? Wuih... Hebat, pan..!! Kaluar buku: 
"Indahnya Perkawinan Sejenis". 
  Tapi mun cara nginum obet mah eta teh mangrupakeun "efek samping" wungkul. 
Ibarat nginum CTM leungit masalah ateul, pucunghul tunduh. Tapi tunduh eta bisa 
disinglar ku kopi (misalna). Hehehe... Abong tukang ngopi jeung udud.... 
   
  Sakitu wae, ah pamanggih kuring mah. Duka ketang bener henteuna mah. da 
kuring oge ngacapruk.
   
  Baktos,
  Om TEDDY
  Satria Ganteng tea

Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Para wargi sa alam dunya,      Digejeburkeun ku Kang Oman, 
Agustus-September 2005, sim kuring kaleresan ngiring Dhaurah Nasional Para 
Pengasuh Pasantren. Sanes janten peserta, komo janten salah saurang pembicarana 
mah. Ukur janten tukang motret, bari sakali-sakali mantuan nu nyaratet eta 
pajemuhan.     Pamendak sim kuring, eta acara teh kalintang saena. Sanes bae 
pedah diayakeun di Cipanas, Tarogong, Garut, bari di tempat kiai nu (cenah) 
rada mahiwal, KH Ahmad Thontowi Mussadad. Tapi, jejerna, nu keur sim kuring teu 
weleh aktual: Ngahudangkeun (deui) etos kaelmuan para ulama pangasuh pondok. 
(Judul nu dines, dina Basa Malayu, keur hilap).     Ngeunaan eta acara, sim 
kuring pangangguran ngadamel pangacaprukan. Wuwuhan euweuh gawe tea -- jeung 
geus bakat, sok sagala dijieun pangacaprukan, dikomentaran. Dugi ka dalapan 
atanapi salapan pangacaprukan. Nanging, nu kapuluk mun nu di handap ieu. Nu 
sanesna, kabeuleum memori cardna. (Atanapi, boa-boa, Kang Oman kantos
 midamel "laporan"nana?).     Dialungkeun ka dieu teh, manawi bae aya nu iasa 
ngalengkepan. Boh datana, boh "wacana" nu aya di dinya. (Kitu ge manawi aya eta 
sakadang wacana teh. Boa-boa ieu pangacaprukan teh ngan ukur tumpukan hurup 
jeung angka, nu ngotoran panon jeung minuhan bandwidth wungkul). Rumaos mung 
ukur ngacapruk, bari ngandelkeun ingetan -- nu remen poho jeung salah. Ongkoh 
lain ahlina.       Intina mah: Mugia bae tepang sareng mangpaat. Amin.     
Baktos,  MGT     =========================================================  
Almanthiq al Aristi  (Oleh-oleh ti Tarogong # 5)
  
  Salah sahiji patanyaan nu, ceuk pamanggih kuring, pangalusna taya lian tinu 
diajukeun ku peserta ti Lampung. Poho deui ngaranna mah. Ngan,  ieu urang 
Jember nu nyongcolang teh -- katingal, tina patanyaan-patanyaannna, loba maca  
-- keur di Jawana aktif di LSM. 
  Sakuringeun, patanyaan manehna lain bae jadi mataholang naon nu diudag ku eta 
daurah. Tapi, oge nyeukeutan: Ngahudangkeun (deui) etos kaulamaan (kaelmuan) 
para ulama pangasuh pondok. (Nu engke ngahudangkeun hal sarupa di kalangan 
santri jeung, tangtu bae, umat).
  
  Ari patanyaannana, kawilang “teu pira”: Naha bener, (peradaban) Islam boga 
hutang ka (peradaban) urang Barat, khususna ka sarjana jeung ahli-ahli falsafah 
Yunani? Teuing  nyungkun -- teuing nyindir peserta lian (atawa panitia pisan), 
nu ulukutek dina perkara teknis atawa teu jauh tina kitab --   eta patanyaan 
teh. Tapi, keur kuring mah: oke pisan.
   
  Hanjakal, Ajengan -- nu harita jadi pembicara -- teu ngajawab eta patanyaan 
nu mendasar. Karah hayoh, deui-deui, medar perluna sajarah jeung elmu sajarah 
dina nafsir atawa ngembangkeun kaelmuan agama Islam. Teu beda dina ceramahna nu 
eunggeus-eunggeus. Eta deui, eta deui. Kituna teh bari ukur mere garis badag 
wungkul. Teu ngabejerbeaskeun kalayan rinci. Abong kiai ahli hikmah. (Cenah).
   
  Mun teu inget tugas kuring harita ukur jadi tukang motret -- ongkoh rumasa 
jalma "sekuler", engke hayoh ngadon dicariduhan ku nu aya -- hayang tah 
ngarawel mikropon nu ngajegir di hareupeun eta majelis. Lain nanaon. Ceuk tadi 
ge: Ieu patanyaan teh kawilang mendasar. (Bagian tina) mataholang ieu dhaurah. 
Sabab, nya alatan pagilinggisik jeung falsafah atawa kaweruh ti sarjana-sarjana 
Yunani eta, cenah, Islam jaya di buana teh.
   
  Mun teu salah, ti jaman Abas Al Saffah, raja Abasiyah nu ka hiji, ulama-ulama 
Islam geus nafakuran elmu-elmu nu jolna ti Yunani. Malah, saencan Islam jaya di 
Persia ge, urang Persia teh geus boga hiji universitas. Asana mah ngaranna teh 
Universitas Jundi Shapur. Diadegkeun ku Shapur, lulugu Bani Sassan.
   
  Nya, di universitas eta tradisi ilmiah nu nyampak di "puncak-puncak" 
peradaban nu aya harita digalo jadi tradisi ilmiah sarjana-sarjana Persia. Lian 
ti Yunani, karya-karya ilmiah ti India, Cina, Yahudi (Ibrani), Suryani (Syria), 
Romawi, oge didareres ku sarjana-sarjana Persia harita. Geus karuhan 
karya-karya sarjana Persia sorangan mah.
   
  Bisana urang Persia nepi ka "nalaktak" kitu teh teu ujug-ujug. Legegna mah, 
teu a historis tea meureun. Aya sabab atawa aya titincakannana. Aya ayeuna aya 
baheula: Jauh saencanna, Iskandar Zulkarnaen, abad ka 3 Masehi (?), waktu 
ngajorag Asia nepi ka India, geus mitembeyan ku naon nu disebut Helenisme tea. 
Pagalona Wetan jeung Kulon. Nya, ti harita para ulama jeung sarjana Persia 
khususna, ulama Timur umumna (kaasup Mesir jeung India), geus wanoh jeung 
kabudayaan Yunani-Romawi. Kaasup dina perkara kaelmuan.
   
  Sanajan kitu, nu kacatet ku sajarah, hartina aya bukti bungkeuleukan, 
mangrupa buku atawa dokumen tulis lianna -- bari kungsi kabaca atawa kadenge ku 
kuring "dongengna" -- ceuyahna nawu elmu ti Yunani teh nya magsa Islam geus 
manggung. Boh di Irak, Suryani, Iran, Spanyol, oge Mesir. Utamana, nya ti 
mangsa Jaman Abasiyah tea. 
   
  Cenah, nya di Jaman Abasiyah ieu mucunghalna istilah almathiy alaristy jeung 
mutsul alflathuniy teh. Istilah ka hiji jelas ngarujuk ka Kanjeng Aristoteles, 
nu kadua ka Kanjeng Plato. Urang pada terang, cenah, kumna falsafah atawa 
pipikiran nu mangkuk nepi ka kiwari teh, mun disederhanakeun, taya lian ti 
"perang abadi" dua sarjana Yunani ieu. Ide versus materi -- lengkep jeung 
varian-varianna.
   
  Lian ti Plato jeung Aristoteles, sarjana-sarjana Yunani lianna nu karyana 
diteuleuman, sakaligus ditarjamahkeun kana Basa Arab, ku sarjana-sarjana muslim 
harita -- di antarana -- : Euclideus, Hypocrates, jeung Galenus. Demi ti India, 
di antarana, mun teu salah, karya salah saurang sastrawanna: Baidaba. (Teuing 
kapinanonna Shai Baba. Komo jeung Shahrukh Khan mah). Karya Baidaba nu 
ditarjamahkeun teh taya lian ti Khalilah wa Dimnah, nu -- cenah deui bae (mun 
teu ceuk Cak Nur, ceuk Abdul Hadi WM), ku ngaliwatan tarjamahannana dina Basa 
Malayu, mere pangaruh kana falsafah kakuasaan nu diagem ku raja-raja Jawa jeung 
Malayu. (Raja Sunda mah teu disebut-sebut, euy. Sumpah. Tapi, kaharti: Raja 
Sunda mah sarakti. Teu kapangaruhan ku nu lian. Hehehe...).
   
  Karya Baidaba eta oge, nu ditarjamahkeun kana Basa Arab ku Al Mustafa (teuing 
naon lengkepna. Poho), nu engke mere pangaruh ka sawatara filosof Kulon 
"modern". Di antarana, nu pangingetna: Francis Bacon! (Ngahaja make tanda seru. 
Soalna, mun teu salah, Bacon teh jadi salah sahiji ikon penting dina buku Eco, 
The Name of The Roses).
  Balik deui kana perkara "hutang" urang ka urang Yunani tadi, nya ku alatan 
pagilinggisik jeung elmu nu dikembangkeun ku maranehna, urang khususna, dunya 
umumna, panggih jeung Al Kindi, Biruni, Alhazen, Kanjeng Imam Ghazali, Kanjeng 
Ibnu Rusyd, oge sarjana-filosof nu nepi ka kiwari tetep "jumeneng" -- kagak ada 
matinye : Kanjeng Ibnu Taimiyah!
   
  Kumaha satemenna, jentreannana (?), pangaruh urang Yunani tadi kana pamendak 
para ulama-ulama Islam? Oge naon nu dimaksud almathiy alaristy jeung mutsul 
alflathuniy? Eta mah lain bagian kuring. Bagian nu leuwih ahli. Bagian ajengan 
jeung kiai. Kuring mah ukur ngambeuan haseupna. Eta ge ti kajauhan. Teu 
langsung tina durukan.
   
  Ongkoh geus rek magrib. Rek ka cai heula. (Era atuh, euy. Geus ngilu "dhaurah 
nasional", ari solat masih keneh loba bolongna. Emh, sorry pisan, My Lord. 
Forgive me. Please!).
   
   
  Babakan Madang, Desember 2005
   
    


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441    
---------------------------------
  Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. Ask your 
question on Yahoo! Answers.  

         

                
---------------------------------
 Yahoo! Movies - Search movie info and celeb profiles and photos.

Kirim email ke