--- In [email protected], Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ngan aya nu jadi kainggis atawa kapaur ulama lamun urang Islam neuleuman teuing filsfat Yunani nu cenderung materialistik.
Bagea, Om Ted. Damang? Leres. Saurna mah kitu, Om. Tapi, naha leres? Maksad teh naha leres sadaya ulama mangpaurkeun sapertos kitu? Oge, naha leres filsafat Yunani teh "cenderung materialistik"? Pan, cenah, aya Plato, aya Neo Platonis, sjte? Pon kitu deui, saurna, sawatara ulama Islam? Kalebet Kanjeng Ibnu Taimiyah kuanjeun? Tapi, di luar eta, sim kuring mah panasaran ku almanthiq al aristi eta. Oge ku mutsul alflathuniy. Naon saleresna nu di maksad ku istilah atanapi kocap eta teh. Boh hartos leksikalna, boh konteksna? (Nu engke tiasa diudag: Kumaha dugi ka eta "dua kocap" teh milu ngaruhayan paradaban Islam -- jeung, cenah, paradaban urang kiwari). Rumaos teu bisa Basa Arab, jeung teu apal we deuih kana jero-jerona falsafah teh. Pan, ceuk tadi ge disebutkeun: Kuring mah ngan ngambeuan haseupna. Kitu ge ti kajauhan. Boro-boro langsung tina seuneuna. Harita, mangsa reureuh dina dhaurah, naroskeun ka kiai nu ti Jember tea. Karah nyerengeh. "Ah, ente...," cenah. Bari ngaleos. Atuh jaka sembung tarangna nongnong. Sim kuring jadi bengong. Manawi aya nu tiasa medar? Baktos, Pun Maman

