hehe, agama teh cek nu ngarasa mah, langkung jero deui, teu ngan ukur widang perasaan, tapi oge spiritual. spiritual teh mun dina tv mah eta, penampakan eta. dunia jurig, haha
ari cek emutan si kuring nu belegug, agama teh, asana keuna oge kana logika (nu mekar jadi matematika). make rumus logika basajan: sagala rupa aya nu ngajieuna. nu nyieun sagala rupa, tangtu nu maha kawasa. ayana pangeran, nu kawasa, beh dieu agama, jadi kahontal ku pikiran, ayana. komo make adagium, tuhan tidak maen dadu cek einstein mah, hartina matematika pisan, ayana keterbitan, keteraturan teh, estuning rekayasa matematika tuhan eta teh. kumaha planet2 teu tabrakan, teu macet siga mobil di jalan, jsb, pasti diatur matematis. sanajan fisika lumpatna ka teori big bag jeung sajabana, eta mah ngan upaya ngahartikeun ayana pangeran nu kawasa. jelema teuing kunaon, dibagi-bagi ku cara siga bawang, aya fisik, nu ngabahas bungkeuleukan kaasup bilogi. jiwa nu oge sarua jeung rohani atawa qolbu, lain roh nu hartina nyawa, eta mah can kapanggih, masih keneh rahasia pangeran. agama utamana wadahna dina spiritual, nu ku si Nitszhe dianggap euweuh, tapi ku Kierkegaard mah diaku aya, ngan digabung jeung emosi, cenah. aya nu tukang ngaji quotient tea gening, jadi Intelegence Q (akal, otak, matematika) aya Emotioanl Q, terus aya Spiritial Q. ke kuring nulis ah, Ulin Quotient. heuheu dina Qur'an mah apan aya pelajaran biologi proses reproduksi manusa sagala, nu logis pisan. jelema dijieun tina taneuh, enya, da zat2na dina awak jelema teh gening enya, sarua jeung nu aya dina taneuh. urang teh jadi baraya jeung tembok! haha. asana aya oge proses ieu alam ngajadi, ngan meuruen make bahasa sastra, jeung aringet maraneh mangsa alam ieu diamparkeun...atawa aya katerangan soal kiamat, ditiupna sangkakala. tah tinggal neangan maksudna ku elmu, tangtuna. (ku ulama baheula, harti diamparkeun ieu jadi kacindekan yen dunya teh rata tea. haha) padahal eta mah kecap sastra atawa bahasa silib sangkan gampang kaharti. mj http://geocities.com/mangjamal

