--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> jelema teuing kunaon, dibagi-bagi  ku cara siga bawang,
> aya fisik, nu ngabahas bungkeuleukan kaasup bilogi.
> 
> jiwa nu oge sarua jeung rohani atawa qolbu, lain roh nu hartina nyawa,
> eta mah can kapanggih, masih keneh rahasia pangeran.
> 
> agama utamana wadahna dina spiritual, nu ku si Nitszhe dianggap euweuh,
> tapi ku Kierkegaard mah diaku aya, ngan digabung jeung emosi, cenah.
> 
> aya nu tukang ngaji quotient tea gening, jadi Intelegence Q (akal, otak,
> matematika) aya Emotioanl Q, terus aya Spiritial Q. ke kuring nulis ah,
> Ulin Quotient. heuheu
> 

ceuk beja mah, matematika oge jiga jelema, eh jiga bawang: aya 'jasad'
jeung aya 'mak eroh', eh 'roh' ketang. hehehe. nu mana 'jasad, nu mana
'roh'? cenah jiga kieu: "kang dudi boga hayang sabaraha hiji?" "boga
'lima'?" ceuk kang dudi teh. tah cenah mangsa jaman batu mah, nu disebut
'lima' teh kudu aya bungkeuleukan 'jasad'-na: lima embe, lima hayam, jeung
sajabana. 

undak saeutik ti jaman batu, jelema mimiti ngarti yen pikeun ngitung
jumlah sato inguan teh, cenah bisa diakalan ku cara masang-masang-keun
unggal sato  jeung batu koral. jadi cenah 'lima' hayam bisa diwakilan ku
lima batu leutik. batuna bisa digembol dina kanjut kundang. lamun hiji
mangsa hayang nyaho sabaraha jumlah inguan teh, teu kudu molotan deui
jungkiring satona, cukup ku ngitung jumlah batu dina gembolan.

undak deui ti harita. jelema mimiti ngarti bisa kutrat-kotret dina batu,
dina guha, dina taneuh jeung sajabana. ngarah teu kudu ngagembol kanjut
kundang, eyuna mah cenah tiap hiji sato teh, bisa diwakilan ku hiji
garisan. atuh cenah 'lima' hayam tadi teh, ayeuna mah cukup ditulis dina
batu ku lima garisan, jiga 'IIIII'. 

kulantaran alam dunya teh lega, tah tiap wewengkon boga cara masing masing
keur urusan lalambangan teh. ahirna, ku urang romawi mah, 'lima' teh
ditulis jadi 'v', ari ku urang hindu-arab ditulis jiga gambar 'daun
eceng'. tah kiwari mah, ngajanggelek jadi '5' tea.

mun kitu mah, meureun 'jasad'-na teh eta tea: 'IIIII, 'v', gambar daun
eceng, jeung '5'. ari 'roh'-na, 'lima' tea. hehehe

salam,
mh


___ _           _ _     ___ ____ ___/ __| |_ _  _ __| (_)___| __|__  / _ \\__ \ 
 _| || / _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/  /_/

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke