Saparantos ditalungtik, ternyata eta hadist-hadist  teh in shoheh, rawina jelas,
  salangkungna mangga we kana kayakinan masing2. tapi peupeujeuh ulah 
ngajadikeun rusakna aqidah urang.
  sabab pan "maha benar Allah dengan segala firmannya) termasuk hadist2na. 
  pengetahuan manusa mun diibaratkeun cai dilautan pan ngan ukur satetes mun 
urang nganclomkeun curuk. tah tetesan tina curuk, eta elmuna manusa.
  Saha nu apal pengetahuan jaman engke berubah. tapi tetep alquran mah moal 
berubah.
  Tapi nu jelas firman allah mah maha benar.....
  wallahu alam...
  Tapi kanggo kanu nuju sarakola mah turutan we elmu nu ayeuna berlaku, bisi 
henteu peunteun 10.hehehe...
  Sakali deui nya, agama islam mah pang benerna nya! omat.....omat......sing 
pageuh ngagem agama Islam..
  

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          --- In urangsunda@yahoogroups.com, Muhamad ASKARI <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Hatur nuhun kana informasina. Abdi teu gaduh latar belakang anu 
> mumpuni dina widang astronomi. Oge rumaos simkuring di"jejelan" ti 
> SD dugi ka PT yen bumi mengelilingi matahari (faham heliosentris). 
> Abdi rumaos akal sim kuring terbatas.
> Sim kuring mah moal seueur saur. Pami tos jelas hujjah sareng 
> keteranganana kalawan rawi informasina terpercaya, insya Allah abdi 
> SAMI'NA WA ATHO'NA (abdi ngadangu sareng abdi to'at).

Eh, manawi teh terang, pedah we nyebat-nyebat salafusholeh nu meureun 
sami jeung "salafus shalih" (atawa benten kitu?). Salian dina 
internet, buku soal Panopoe ngurilingan dunya oge aya, tiasa dipesen 
sacara online, hargana Rp. 25,000, sanes dina basa Inggris atawa basa 
Arab, tapi bahasa Indonesia!

Tangtu we, ceuk anggapan kuring mah, boh bukuna boh dina internetna, 
ieu bisa ngarusak pamahaman kana elmu pangaweruh. Ari elmu pangaweruh 
mah sifatna sanes SAMI'NA WA ATHO'NA. Cilaka lamun boga prinsip kitu 
dina elmu pangaweruh mah, da kuduna tuluy nanya tepi ka ngarti asup 
kana akal. Ari ieu dipatok, "Dengekeun jeung kudu taat, ieu fatwa ti 
SHeik, geus pasti benerna!". Mungkin dina soal polygami bisa 
dimaklum "heuheurasan" kitu (maklum aya faktor subyektifna, 
kapentingan lalaki nu resep ngoleksi awewe), ngan upama narabas kana 
Elmu pangaweruh, beu cilaka ..... engkena aya kasus siga Galileo di 
dunya Islam, ngan kajadianana, mun 500 taun katukang mah masih 
dimaklum, ari ieu mah ayeuna atawa kahareup, Halah ...batur geus 
nalungtik aya kahirupan henteuna di Mars, ieu malah masih nyaritakeun 
panonpoe ngurilingan Dunya.

Tapi ketang, mangga we kumaha kayakinan masing-masing, ngan kade we 
kedah diemut elmu pangaweruh mah sanes soal kayakinan tapi ....neangan 
bebeneran. Enya, bebeneran, nu bener pan Dunya ngurilingan panonpoe 
lain sabalikna.

Baktos,
WALUYA



         

 
---------------------------------
Cheap Talk? Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates.

Kirim email ke