--- In [email protected], Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Saparantos ditalungtik, ternyata eta hadist-hadist teh in shoheh, > rawina jelas, salangkungna mangga we kana kayakinan masing2. tapi > peupeujeuh ulah ngajadikeun rusakna aqidah urang.
Kutan kitu nya kang? .... panonpoe teh ngurilingan dunya? paingan aya bukuna atuh. Halah ...terus terang we Kang, kuring mah geus teu sakola, jadi teu peryogi peunteun 10, ngan baheula kungsi jadi guru, guru IPA (Fisika) di SMA, pan nu diajarkeun ku kuring teh yen dunya ngurilingan panonpoe. Kuring wani ngajar eta, kulantaran yakin eta pasti bener. Tapi tos ah, kuring jadi ngahuleng bari sedih, sedih mikiran naha ieu teh bet balik deui ka abad 15? ka saencanna Copernicus atawa Newton lahir .... Baktos, WALUYA (Mantan "guru" Fisika)

