Leres..., manawi dipercanten mah, kapi paman, ramana teh rayina pun aki,
mung bae pendak panungtung taun 1970, waktos mang Iyus nembe kelas 4 SD,
pleng
dugika ayeuna teu acan kantos pendak deui.
Upami sareng rakana anu di Cianjur mah uanggal tos boboran sok pendak.
Paman nu ieu mah, tiaalit kana mamaos Cianjuran teh tiasa disebat "manuk"na
(istilah mama ManAr mah), waktos kelas 3 SD oge tos nyangking juara sa Jabar,
dina widang mamaos Cianjuran.
ssw
[EMAIL PROTECTED]
Apih masih warga ka Yus Wiradiredja? Ayeuna nyangking kalungguhan ketua
jurusan Seni Karawitan di STSI, sekolah tinggi seni indonesia, jl. Buah batu
bandung. Abdi kantos ka anjeuna sababaraha kali. Rektor hoyong ari wisudaan,
aya lagu sunda tema atikan. Ulah godiamus igitur bae saurna.
Naros ka abah surya, ditudukeun gan Yus di STSI. Nya gan Yus gutrut ngarang
lagu. Sakantenan ngalatih barudak paduan suara. Waktos wisudaan, nya
dipintonkeun. Gan Yus diulem kanggo dileler panghargaan. Ieu lagu kenging
kang Yus Wiradiredja
Kandaga Atikan
Sanggian: H. Yus Wiradiredja
Lirik: H. Yus Wiradiredja & Dian Hendrayana
Laras: Pelog Degung
Kandaga atikan tuturus keur kamulyaan
Wadah ngulik elmu pikeun cahya kahirupan
Kandaga atikan rawayan keur karaharjaan
Tempat nyiar luang keur nanjeurkeun bebeneran
Para cantrik meuseuh diri
Nguntun ninun pangaweruh
Juru atik masing telik
Medar babaran ajaran
Jadi jimat lahir batin
Keur maslahat dunya akherat
Kandaga atikan lambang jembaran budaya
Wadah ngulik elmu geusan kaluhungan budi
Kandaga atikan cukang pikeun hirup-hurip
Tanggoh sajatining diri dina tangtungan pribadi
Recent Activity
13
New Members
1
New Files
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
New business?
Get new customers.
List your web site
in Yahoo! Search.
Yahoo! Mail
Drag & drop
With the all-new
Yahoo! Mail Beta
Y! Messenger
Want a quick chat?
Chat over IM with
group members.
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda