Kaayaan Sindangbarang waktos harita, masih hejo ngemploh, margi titungtung
kaler dugi ka tungtung kidul nya kitu deui katungtung wetan, rata-rata payuneun
sareng pakarangan bumi teh seueur tatangkalan, kayaning rupi-rupi tangkal
manggah, tangkal kadongdong, tangkal lobi-lobi, tanggkal jambu batu, jambu
samarang sareng sajabina.
Malih mah gigireun bumi pun aki kebon jambu batu paselang sareng tangkal
mangga arumanis, mangga kawini, mangga golek, mangga piit, nam-nam, rambutan,
atuh pengkereun bumi kebon kalapa paselang sareng tangkal kadongdong, careme,
sarikaya, manggu sareng sajabina.
Kaamengan waktos alit, sateu acan sakola, teu aya deui ngingiclik pun aki,
ngaben panah dilapang maen bola, mancing diwahangan Cisadea atanapi Cito'e,
ngalanglang kebon jeruk, sareng kebon kalapa, upami usum nyawah nya sok
dicacandak ngalanglang sawah.
Saparantos lebet sakola SD umur 5 tahun satengah, rada robih, margi wangsul
sakola SD, siangna ka madrasah, teras ba'da magrib dugi ka isya ngaos di tajug.
Janten ameng teh mung dina dinten minggu atanapi dinten pere sakola,
kaamengan mah teu tebih ti nguseup, ngecrik ngala buyutuk di basisir,
kalan-kalan ngala suluh kacandak ku rerencangan sakola, bane we sok dipoyokan
"ahhhh... anak menak mah tara ngala suluh".
Tatali marga waktos harita, sadinten mung dua kali aya beus ka Cianjur, anu
mios ba'da subuh sareng anu mios tabuh 7 enjing-enjing, kitu oge upami jalan
henteu kapegat urug (dugi ka ayeuna eta jalan urug teh masih keneh janten
pamegat tatali marga).
Kiwari Sindangbarang parantos pinuh ku bumi, teu katinggal tatangkalan nu
hejo ngemploh, katambih cacah jiwana tos katambihan ku urang peuntas (Batak).
Perkawis janten ibukota kabupaten mah, kenging harewos teu janten, ku alatan
tatali marga tea, nguping-nguping jantenna di Sukanagara namung duka teuing tah.
Sakitu anu tiasa kawaler.
Pihatur
ssw
mamangantra2000 [EMAIL PROTECTED]
Mangga, Pih. Hatur nuhun.
Nanging, aya deui nu sanesna: Perkawis lalakon nuju budak. Upami teu
lepat, dugi ka kelas 2 SMP, Apih linggih di Sindangbarang. Tah, abdi
hoyong terang kumaha kaayaan Sindangbarang harita -- waktos Apih
masih keneh alit. Oge, lian ti sakola, oge ngaos panginten, naon
deui nu sadidinten sok dipidamel ku Apih harita teh? Sigana mah
tebih pisan tina kaayaan Sindangbarang kiwari -- boh kaayaanna, boh
kahirupannana. (Nguping bade janten Kabupaten. Naha cios eta teh?).
Punten upami posting ieu ngaduakali balikan. Nu tadi serverna
kekerenyedan. Bilih teu dugi.
Baktos,
Pun Maman
Recent Activity
13
New Members
1
New Files
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
New business?
Get new customers.
List your web site
in Yahoo! Search.
Yahoo! Mail
Get it all!
With the all-new
Yahoo! Mail Beta
Y! Messenger
Want a quick chat?
Chat over IM with
group members.
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda