Jalma nu Piduit
Embung hitut hareupeun batur kajaba lamun dibayar

Kamari ieu Maria, pun anak, ngadongengkeun saurna rerencanganna tos ngajaran 
hitut hareupeun babaturan kajaba manehna.
Maria ku babaturanna diolo sangkan daek hitut dihareupeun maranehna, sakali weh 
cenah, engke dibayar £20 (rek urunan keur mayar hitut he he ....). 
Keresa entong nya?, cenah.
Ulah centeh, murah teuing. Lamun wanieun mayar £50 mah, nya kuma dinya. Ngan 
sing inget, najan ngan saukur sakali hitutna, babaturan bakal ingeteun saumur 
hirup! :-)
Lies


----- Original Message ----- 
From: ndoell 
To: [email protected] 
Sent: Thursday, December 07, 2006 2:37 PM
Subject: [Urang Sunda] nambihan ah... ngeunaan Hitut

Sipat jalma dumasar kana rupa-rupa hitutna :

Jalma jujur
Jalma nu daek ngaku mun geus hitut

Jalma teu Jujur
Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur

Jalma belegug
Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana

Jalma nu berwawasan
Jalma nu apal iraha kuduna hitut

Jalma nu Misterius
Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun

Jalma nu sok gugup
Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut

Jalma nu Percaya Diri
Jalma nu yakin yen hitutna seungit

Jalma nu Sadis
Jalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeun
ka irung batur

Jalma nu Isinan
Jalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan

Jalma nu Strategic
Lamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna

Jalma nu Bodo
Lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar

Jalma nu Pedit
Lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada 
tit..tit..tit...

Jalma nu Sombong
Jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan

Jalma nu ramah
Jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur

Jalma nu tara gaul
Mun hitut sok bari nyumput

Jalma nu Sakti
Mun hitut bari make tanaga dalem

Jalma nu pinter
Jalma nu bisa nyirian hitut batur

Jalma nu sial
Mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna...

hi hi..
tos ah,

-dul-
tukangteuing

Kirim email ke