Ceuk kang jeung ceu biologi, awewe jeung lalaki probalitasna,
kamungkinana lahir awewe jeung lalaki 50:50, XX:XY
Kudu jentre heula loba awewe jeung lalaki ti umur sabaraha kitu??
0-10 th, 11-20th, 21-30th, 31-40th, 41-50th, 51-60th, >61 ka luhur kudu
jentre
Teu aya dina ayatna, alesan nyandung the pedah awewe leuwih loba ti
batan lalaki, nu aya NYANDUNG MEUNANG ASAL ADIL JEUNG SANGGUP MERE
NAFKAH LAHIR BATIN TITIK
Barade nyandung yeuuuuuhhhhhh...........Sumuhun upami bade nyandung mah
mangga asal adil.....................................................
{2}An Nisa' : 129
" Dan kamu sekali-kali tidak akan dapat berlaku adil di antara
isteri-isteri(mu), walaupun kamu sangat ingin berbuat demikian, karena
itu janganlah kamu terlalu cenderung (kepada yang kamu cintai), sehingga
kamu biarkan yang lain terkatung-katung. Dan jika kamu mengadakan
perbaikan dan memelihara diri (dari kecurangan), maka sesungguhnya Allah
Maha Pengampun lagi Maha Penyayang."
Tah dina palebah adil rada hese
Punten ka sadayana upami lepat, Gusti Allah hapunteun simkuring upami
nyutat Firman-MU lepat
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of waluya56
Sent: Monday, December 11, 2006 2:36 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Jumlah awewe leuwih loba ti lalaki?
Maca PR poe kamari, kuring rada ngahuleng, aya narasumber dina artikel
PR eta, nu nyebatkeun yen dina kanyataannya AWEWE LEUWIH LOBA TI
LALAKI. Nu jadi narasumber, hiji tokoh di Bandung, nu boga gelar Ir
jeung Msc, jeung pangurus (duka malah ketuana) hiji Yayasan Pendidikan
Islam di Bandung.
Hayang ngawaler ku huruf gede kabeh, lamun eta tulisan dina millis,
hanjakal tulisan dina koran. Ari satuju kana nyandung mah, satuju we,
teu kudu nyanyandak statistik sagala. Sabab ari statistik mah
nunjukkeun yen perbandingan awewe jeung lalaki teh ampir 1:1 (kuring
sabaraha kali posting di Kusnet soal ieu). Ieu hiji bukti yen di
Indonesia, sanajan jalmana geus rimbil gelar elmu pangaweruh, tapi
lamun keur "ngaheueuhkeun" maksud manehna mah, datana dimanipulasi!.
Padahal data teh peryogi pisan, contona lamun lobana awewe jeung
lalaki "dimanipulasi" ngarah nyandung diheueuhkeun. Pan cilaka keur nu
produksi/dagang kutang/calana jero/ pembalut wanita, pasti rugi, da
disangkana awewe teh loba pisan. Kitu deui pihak Departemen Kasehatan,
danana bisa beurat sabeulah, loba nyadiakeun keur kaperluan medis
awewe.
Nu Maha Kawasa/ Gusti Allah parantos nunjukkeun maksud Anjeunna,
supaya hirup teh sapasang-sapasang, buktina data statistik nunjukkeun
yen lalaki jeung awewe teh diciptakeun ampir 1:1. Aneh, lamun urang
teu bisa "maca" isyarat ti Nu Maha Kawasa ieu!
Baktos,
WALUYA
(Tetep anti nyandung)