Ua Sas jeung Al Nadim
   
  Maca posting Ua Sas ieu, 
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108236, nu nyabit-nyabit 
perkara koleksi pabukonna nu nepi ka 4.000, kuring jadi inget ka Al Nadim. 
Komo, basa kamari panggih di Cupumanik mah. Si Ua alewoh nerangkeun kumaha 
jujutan “perbukuan” di urang. Kituna teh bari mahanan buku sagala. Nuhun pisan, 
Ua. Katampi. (Padahal, sumpahna ge ngan heureuy, Ua).
   
  Sapanjang balik ka Jakarta-keun, hate mah teu weleh inget ka si Ua – oge MJ. 
Rumasa, nu tadina hayang nguriling, karah “ngahujud” di Cupumanik. Bari 
sosoranganan. Wuwuhan poe Ahad. Karak bisa kaluar jam 12-an. Eta ge bubuhan bae 
ditelepon. Ngadon luncat kana angkot ka Cimahikeun. Nungguan batur ti sore 
keneh, karah ngabetem. Karak ngawalonan SMS kuring sanggeus kuring balik deui 
ka Jakarta. Atuh, acara di Bandung teh paburantak. Teu bisa kamana-mana.
   
  Tapi, saha ari Al Nadim? Ieu inohong teh urang Bagdad. Hirup jaman Khalifah 
Harun Al Rasyid – teuing Al Ma’mun, ketang. Ngan, siga si Ua, Al Nadim teh 
sarua boga karesep kana buku. Malah, lian ti resep, siga si Ua oge, anjeunna 
muka toko buku di Bagdad. Alatan ku strategis, teu jauh ti Masjid Agung Bagdad 
jeung Bait al Hikmah – nu jadi centre of excelence dina kahirupan intelektual 
Bagdad harita (Mun di Jakarta ayeuna mah sarupaning Teater Utan Kayu meureun, 
nya?) – toko buku Al Nadim jadi pangjugjugan para ulama jeung sarjana Bagdad 
harita. Ongkoh, lian ti icalan buku, di tokona eta, Al Nadim oge nyadiakeun 
rohangan khusus keur sawala. (Ilikan kumaha model sawatara toko buku jeung cafe 
kiwari). Lian ti perkara agama (Islam, tangtuna), di eta tempat, cenah, oge sok 
diayakeun sawala ngeunaan filsafat jeung sastra.
   
  Atuh, teu pamohalan mun toko buku Al Nadim jadi pangjugjugan para ulama jeung 
sarjana teh. Kaasup jadi pangjugjugan gegeden-gegeden Bagdad harita, nu sarua 
pada resep nareangan elmu pangaweruh. Nya, alatan jadi pangjugjugan gegeden 
jeung inohong eta, Al Nadim jadi wawuh jeung maranehna. Malah, ngaran Al Nadim 
ge, taya lian ti sesebutan keur anjeunna alatan “jadi sobat para inohong” (al 
Nadim). Da, ngaran nu sabenerna mah lain eta. Saha? Poho deui, euy! Hehehe... 
(Barina ge tong sagala hayang dihuapan, atuh. Sakali-kali mah teangan ku 
sorangan. Bukuna ge pabalatak di pabukon jeung toko buku. Malah nge-search di 
google ge mo burung manggih. Kotektak. Terus alungkeun ka dieu eusina.).
   
  Saencan cicing di Bagdad, Al Nadim kungsi nganjrek di Mosul. Lian ti Sulaeman 
Al Mantiqi, anjeunna kungsi guguru ka ulama-ulama sanesna. Ti mimiti Al Sirafi 
nepi ka Al Munajim. Nya, ti aranjeunna Al Nadim nawu elmu ngeunaan filsafat 
jeung elmu-elmu lianna. Kaweruhna eta nambah mekar mangsa anjeunna ngadamel 
khalaqah (sawala) sareng Isa bin Ali -- nu cenah dipikaserab pisan ku anjeunna. 
Oge alatan sosobatan jeung sawatara filosof jaman harita.
   
  Tayohna, alatan karesep jeung sobat-sobatna, lian ti disebut Mu’tazilah, Al 
Nadim oge disebut-sebut urang Syiah nu keur takiyyah (nyumput?). Ari perkara 
mu’tazilahna mah gampang dirampana: Karesepna kana filsafat, boh karya filosof 
Yunani boh karya filosof Islam siga Al Kindi, oge dibuktikeun ku sikap kritisna 
ka kalangan tradisi. Malah, dina salah sahiji bukuna, Al Nadim negeskeun ku 
naon anjeunna remen ngayakeun “pangaosan” nu disarumpingan ku ulama-ulama 
Mu’tazilah: “Aranjeunna yakin yen rusiah-rusiah satungkebing alam jeung dasar 
kaparcayaan kana agama tiasa diterangkeun ku akal pikiran – sanaos aya 
watesannana”. Keur Al Nadim, kahirupan kaagamaan umat Islam moal mekar mun teu 
mere tempat kalayan maksimal keur mahluk Gusti nu ngaranna akal.
   
  Soal anjeunna syiah? Teuing. Lian ti teu manggih jentreannana, oge kuring teu 
pati ngarti kana soal syiah jeung non syiah ieu teh. Lian ti aranjeunna mah 
ngahormat pisan ka ahlul bait, kulawarga Kanjeng Nabi SAW. Oge aya naon nu 
disebut imamah. Kadituna mah teu nyaho. Di mana nyaho ge moal dijentrekeun di 
dieu. Can waktuna. Hahaha...
   
  Di luar kayakinan anjeunna ngeunaan akal, oge soal Syiah eta, jasa Al Nadim 
pikeun kahirupan urang kiwari pakait jeung buku nu diserat ku anjeunna: Kitab 
al Fihrist. Sanajan remen ditarjamahkeun jadi Buku Indeks, seuseuhannana, buku 
Al Nadim ieu leuwih deukeut kana naon nu disebut katalog. Malah, bisa jadi 
salah sahiji “cabang” epistemologi. Maksud kuring: Mun epistemologi leuwih 
deukeut kana falsafah ngeunaan elmu, buku Al Nadim ieu mah leuwih kana 
sistematika elmu. 
   
  Atawa, bisa jadi, leuwih hade disebut ensiklopedia paelmuan? Kuma karep bae. 
Ngan, Al Fihrist ieu, nu nepi ka 10 babna, ngawengku sarupaning hal nu pakait 
jeung buku. Di dinya urang bisa manggih ringkesan eusi hiji buku, kumaha 
kahirupan (biografi) nu nulisna, nepi ka kumaha kaayaan fisik eta buku. 
Kasawang kumaha legana pangaweruh Al Nadim. Sabab, eusi katalogna eta lain bae 
ngawengku buku-buku nu pakait jeung agama – boh Islam, boh non Islam – tapi oge 
ngawengku ngeunaan Basa Arab jeung Basa Non Arab. Kaasup sastra. Bisa jadi, 
taksiran kuring, sistem desimal nu dipake ku pabukon-pabukon kiwari, nu disebut 
sistem Dewey tea, alatan dikembangkeun Melvil Dewey  (lain ku filosof jeung  
ahli pendidikan Amerika, John Dewey), satemenna diilhaman ku sistematika 
paelmuan nu dijieun ku Al Nadim ieu.
   
  Tangtu bae, Al Nadim bisa nyieun eta buku teh alatan loba maca tea. Lian ti 
kitu: Anjeunna oge salah saurang wara’q (lain carok!) di Bagdad harita. Cenah, 
saencan hiji ulama atawa sarjana medalkeun bukuna, eta ulama teh medar 
pipikirannana di payuneun hiji majelis – teu beda mun urang ujian rek nyieun 
skripsi baheula. Tah, naon nu dipedar atawa dipadungdengkeun dina eta majelis 
teh diserat ku hiji sekretaris, nu disebat wara’q. Nya, hasil seratan wara’q 
eta nu engke dimedalkeun jadi buku si ulama teh.
   
  Kukituna, teu aneh mun Al Nadim iasa medar eusi buku katut biografi nu 
nyeratna. Da, sawareh, eta buku teh ngiring “diparajian” ku anjeunna. Nu 
lianna, nya alatan anjeunna maca kumna buku nu diical di tokona. Hartina, balik 
deui ka Ua Sas, si Ua kantun ngadamel katalog buku-buku nu aya di pabukonanna. 
Hehehe... Punten, Ua. Sok nyalutak. Tapi, why not, Ua? Kantun tret. Pan, tiap 
aya nu peryogi ngeunaan buku Sunda atanapi nu pakait sareng Sunda, kantun muka 
eta kandaga?
   
  Salemba, 11 Desember 2006
  (Tawis hormat ka Ua Sas)


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
 
---------------------------------
Check out the all-new Yahoo! Mail beta - Fire up a more powerful email and get 
things done faster.

Kirim email ke